WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Idul Adha Geus Ditetepkeun Samemehna, Ari Idulfitri Sok Rariweuh? Ieu Panjelasanana

Idul Adha Geus Ditetepkeun Samemehna, Ari Idulfitri Sok Rariweuh? Ieu Panjelasanana WARTA SUNDA ONLINE – Nitenan dina  média sos...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Persib Meunang Dramatis di Kandang PSM, 1-2


Persib Meunang Dramatis di Kandang PSM, 1-2
MAKASAR – Warta Sunda Online,-
Dina pekan ka-33 kompetisi Liga 1 Indonesia, Persib Bandung hasil ngukir kameunangan dramatis nalika ngalakonan laga tandang ngalawan PSM Makassar di Stadion BJ Habibie, Makasar.

Tim Maung Bandung anu ayeuna ngoleksi 78 poin masih kokoh di pucuk klasemen samentara. Pertandingan lumangsung ketat ti mimiti babak kahiji. Duanana tim silih serang, tapi nepi ka turun minum skor masih kénéh 0-0.

Asup ka babak kadua, PSM leuwih tiheula mecahkeun kabuntuan ngaliwatan tandukan Yuran Fernandes Rocha Lopes Louletano dina menit ka-53. Bola hasil sundulanana teu mampuh dibendung ku penjaga gawang Persib, Teja Paku Alam. Skor robah jadi 1-0 pikeun PSM.

Sanajan katinggaleun, Persib henteu nyerah. Sababaraha menit saterusna, Thom Haye hasil nyaruaan kaayaan ngaliwatan tendangan suku katuhu anu ngarah ka jero gawang PSM. Gol éta ngajadikeun skor robah jadi 1-1 sarta pertandingan beuki panas.

Dina menit-menit ahir pertandingan, Persib terus neken pertahanan tuan rumah. Nepi ka ahirna dina tambahan waktu menit 90+7, Julio Cesar De Freitas Filho hasil nyitak gol kameunangan ngaliwatan sundulan sirah anu matak ngagedurkeun stadion.

Gol dramatis éta mastikeun Persib Bandung mawa pulang tilu poin penting kalayan skor ahir 2-1 atas PSM Makassar.
Kalayan hasil ieu, Persib tinggal ngalakonan hiji pertandingan deui di kandang sorangan ngalawan Persija Jakarta. Bobotoh ogé ayeuna beuki optimistis Maung Bandung bisa nutup musim kalayan hasil anu gemilang.


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Persib Meunang Dramatis di Kandang PSM, 1-2"

Posting Komentar