Cuaca Ékstrem Dua Taun Ngabalukarkeun Krisis Tatanén, Petani di Garut Gagal Panén
Cuaca Ékstrem Dua Taun Ngabalukarkeun Krisis Tatanén, Petani di Garut Gagal Panén
Ket. Kepala BMKG, Prof. Ir. Teuku Faisal Fathani, Ph.D., IPU. Doc_istimewa
GARUT - Warta Sunda Online,-
Numutkeun Badan Meteorologi, Klimatologi, dan Geofisika nyatet yén kaayaan cuaca di Indonesia salila dua taun ka tukang ngalaman parobahan anu cukup ékstrem jeung dinamis. Periode taun 2024 nepi ka 2026 ditandaan ku robahna usum hujan kana usum halodo anu leuwih parna alatan pangaruh parobahan iklim global ogé fenomena iklim dunia saperti La Niña jeung El Niño.
Dina periode taun 2024 nepi ka awal 2025, Indonesia masih kénéh kapangaruhan ku fenomena La Niña lemah anu ngabalukarkeun curah hujan terus-terusan di sababaraha daérah. Dampakna, hujan gedé mindeng turun dibarengan ku cuaca ékstrem balukarna banjir, longsor, sarta ngaganggu kagiatan masarakat, kaasup dina widang tatanén. Malah, taun 2024 disebut minangka salah sahiji taunc pangpanasna alatan dampak pemanasan global anu terus ningkat.
Ceuk Kepala BMKG, Prof. Ir. Teuku Faisal Fathani, Ph.D., IPU. Yén asup kana taun 2026, kaayaan cuaca mimiti robah sacara signifikan. BMKG ngaramalkeun usum halodo bakal datang leuwih ti heula, nyaéta mimiti bulan April nepi ka Juni 2026, kalayan kaayaan leuwih garing tibatan biasana. Sajaba ti éta, aya poténsi munculna fenomena El Niño lemah nepi ka sedeng dina semester kadua taun 2026 anu diperkirakeun bakal nyababkeun halodo panjang jeung ningkatna suhu hawa di sababaraha wilayah.
Sacara umum, kaayaan cuaca salila dua taun ieu ringkessanana saperti kieu:
- La Niña lemah dina ahir 2024 nepi ka awal 2026 nyababkeun curah hujan luhur di sababaraha wilayah Indonesia.
- Transisi kana kaayaan cuaca normal diperkirakeun lumangsung dina Maret nepi ka April 2026.
- Usum halodo jeung panas diprediksi lumangsung ti April nepi ka Agustus 2026 kalayan poténsi halodo anu leuwih parna.
Parobahan cuaca ékstrem ieu ayeuna kacida karasana ku para patani, hususna di wilayah Garut. Salila dua taun ieu para patani ngeluh hésé nangtukeun pola tatanén lantaran cuaca anu teu puguh. Hujan gedé sok datang ngadadak dina mangsa panas, tuluy disusul ku hawa panas anu ngabalukarkeun pepelakan sayur-mayur gampang ruksak jeung gagal panén.
Kaayaan éta jadi mawa pangaruh pikeun para patani lantaran hasil panén terus ngurangan, sedengkeun biaya produksi beuki mahal. Henteu saeutik patani anu ngaku hésé meunang kauntungan sabab hasil tatanén henteu stabil saperti taun-taun saméméhna.
Salian ancaman gagal panén, cuaca ékstrem ogé nyababkeun ngaronjatna hama jeung panyakit tutuwuhan anu beuki parna kaayaan tatanén. Para patani ngaharepkeun aya perhatian jeung solusi ti pamaréntah, utamana ngeunaan pendampingan pola tanam, bantuan irigasi, nepi ka edukasi dina nyanghareupan parobahan iklim.
Masarakat ogé dihimbau supaya leuwih waspada kana dampak usum halodo panjang, saperti kakurangan cai, kahuruan leuweung jeung lahan, ogé gangguan kaséhatan alatan hawa anu leuwih panas. Sedengkeun sektor tatanén dipiharep bisa leuwih adaptif kana parobahan iklim ku cara nyaluyukeun pola tanam jeung ngatur sumber cai sacara leuwih hadé supaya résiko karugian bisa diminimalisir.***
0 Response to "Cuaca Ékstrem Dua Taun Ngabalukarkeun Krisis Tatanén, Petani di Garut Gagal Panén"
Posting Komentar