Konferensi PWI Kabupaten Sukabumi Réngsé, Nuruddin Zain Syamsi Kapilih Jadi Nahkoda PWI Kabupaten Sukabumi

SUKABUMI – Warta Sunda Online,-Konferensi ka-VI Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Kabupaten Sukabumi resmi digelar di Pendopo Kabupaten Sukabumi, Saptu (16/5/2026). Ngangkat téma “Pers Profesional, Bersinergi Ngawal Pangwangunan Daérah”, ieu kagiatan jadi momen penting pikeun nguatkeun konsolidasi organisasi ogé ngaronjatkeun peran pers dina ngarojong pangwangunan daérah.

Dina éta konferensi, Nuruddin Zain Syamsi resmi kapilih pikeun mingpin PWI Kabupaten Sukabumi periode 2026–2029. Kapilihna Nuruddin dipiharep mampuh mawa organisasi wartawan jadi leuwih solid, profesional, sarta sanggup nyanghareupan tantangan dunya pers nu terus mekar.

Kagiatan konferensi dihadiran ku Plt Ketua PWI Jawa Barat Achmad Syukri, Kepala Diskominfosan Kabupaten Sukabumi Yulipri, jajaran Déwan Panaséhat PWI, organisasi pers saperti IJTI jeung SMSI Sukabumi Raya, Ketua BIN Sukabumi Raya, unsur perangkat daérah, nepi ka tokoh adat Abah Usep.

Ketua Panitia Konferensi, Aab Abdul Malik, ngahaturkeun nuhun ka sakumna pihak nu geus ngarojong lumangsungna konferensi éta.

Manéhna ngajelaskeun yén runtuyan acara konferensi ngawengku maca jeung ngesahkeun susunan acara, laporan pertanggungjawaban (LPJ), nyusun kapengurusan anyar periode 2026–2029, nepi ka rarancang pelantikan pengurus jeung program kerja nu bakal dilaksanakeun dina bulan hareup.

“Kami ngahaturkeun nuhun ka sakumna pihak nu geus ngarojong ieu konferensi. Upami dina palaksanaanna masih aya kakurangan, kami nyuhunkeun dihampura,” pokna.

Samentara éta, Plt Ketua PWI Jawa Barat, Achmad Syukri, miharep kapengurusan anyar sanggup ngaronjatkeun kontribusi organisasi kana pangwangunan daérah sarta jadi mitra strategis pamaréntah.
Numutkeun anjeunna, insan pers henteu ngan ukur miboga pancén nyebarkeun informasi, tapi ogé kudu mampuh jadi bagian tina solusi pikeun rupa-rupa pasualan di masarakat.

“PWI kudu leuwih nyata dina méré sumbangsih pikeun ngabedah pasualan di lingkungan Pamaréntah Kabupaten Sukabumi. Pers kudu jadi bagian tina solusi sajaba ti nyajikeun pemberitaan,” cenah.

Manéhna ogé nekenkeun pentingna ngaronjatkeun kualitas jeung kompeténsi wartawan ngaliwatan uji kompeténsi sarta nguatkeun profesionalisme jurnalistik saluyu jeung amanat organisasi.

Di sisi séjén, Nuruddin Zain Syamsi nyorot tantangan gedé dunya pers di tengah gancangna arus disrupsi informasi jeung mekarna média digital.
Numutkeun anjeunna, pers kudu balik deui nguatkeun fungsi utamana salaku média informasi, edukasi, hiburan, jeung kontrol sosial sakumaha amanat Undang-Undang Pers Nomor 40 Taun 1999.

“Dunya pers ayeuna keur henteu hadé-hadé waé. Ku kituna, peran PWI kudu leuwih kuat pikeun ngajaga martabat pers salaku pilar démokrasi,” pokna.

Manéhna ogé ngajak ka sakumna anggota PWI Kabupaten Sukabumi pikeun terus ngajaga kakompakan jeung sumanget kabersamaan demi kamajuan organisasi jeung daérah.

“Hayu urang terus nyeratkeun sajarah sarta méré nu panghadéna pikeun PWI ogé Kabupaten Sukabumi,” tandesna.
Samentara éta, Kepala Diskominfosan Kabupaten Sukabumi, Yulipri, ngahaturkeun hapunten lantaran pimpinan daérah teu tiasa hadir sabab pas jeung agenda Pemerintah Provinsi Jawa Barat dina raraga Milangkala Tatar Sunda di Kota Bandung.

Numutkeun anjeunna, eksistensi PWI nu ngadeg ti saprak 9 Pébruari 1946 nepi ka ayeuna masih nembongkeun kiprah kuat dina dunya jurnalistik jeung pangwangunan informasi publik.

“Média miboga peran strategis salaku panyambung informasi ka masarakat ngaliwatan pemberitaan nu akurat, écés, jeung saimbang. Wartawan kudu tetep ngajaga profesionalisme sarta ngajunjung luhur kode étik jurnalistik saluyu jeung téma konferensi dinten ieu,” pungkasna.*** (Dida)