WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Kick Off SPMB 2026, SMAN 1 Purwakarta Asup Program Sakola Maung, Muka Kasempetan Pikeun Siswa Berprestasi Sa-Jabar

Kick Off SPMB 2026, SMAN 1 Purwakarta Asup Program Sakola Maung, Muka Kasempetan Pikeun Siswa Berprestasi Sa-Jabar PURWAKARTA – ...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Kick Off SPMB 2026, SMAN 1 Purwakarta Asup Program Sakola Maung, Muka Kasempetan Pikeun Siswa Berprestasi Sa-Jabar


Kick Off SPMB 2026, SMAN 1 Purwakarta Asup Program Sakola Maung, Muka Kasempetan Pikeun Siswa Berprestasi Sa-Jabar


PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-
SMAN 1 Purwakarta resmi jadi bagian tina Program Sakola Maung nu digagas ku Pamaréntah Provinsi Jawa Barat minangka bagian tina transformasi sakola unggulan pikeun ningkatkeun palayanan atikan ka siswa nu miboga prestasi.

Program ieu diterapkeun dina Sistem Penerimaan Murid Baru (SPMB) 2026, kalayan skéma penerimaannana dumasar kana prestasi sarta teu ngagunakeun jalur domisili siga di sakola reguler. Kitu ditetelakeun ku Kepala SMAN 1 Purwakarta, H. Sidik Tamsil, M.Pd, ka Warta Sunda Online di sakolana, Senen, 25/5/2026.

Ku kituna Pamarentah Jawa Barat ngalewatan Kepala Dinas Pendidikan, Dr. H. Purwanto, M.Pd dina akun Disdik Jabar kiwari keur ngaronjatkeun Program Sakola Maung jadi léngkah strategis pikeun ngahirupkeun deui citra sakola negeri unggulan di Jawa Barat sangkan balik deui jadi kareueus masarakat.

Pikeun Sakola Maung, nu ditunjuk SPMB-na dimimitian leuwih tiheula sarta teu aya deui jalur domisili saperti di sakola reguler.

SPMB Sakola Maung Dimimitian Leuwih Tiheula. Dina pelaksanaan SPMB 2026, sakola-sakola nu kaasup kategori Sakola Maung ngalaksanakeun penerimaan murid anyar leuwih tiheula, nyaéta ti 25 nepi ka 29 Méi 2026.

Sedengkeun pikeun sakola reguler, jalur penerimaan tetep ngagunakeun skéma saperti biasa, nyaéta:
- Jalur Prestasi
- Jalur Domisili
- Jalur Pindahna Tugas Kolot

Tahap kahiji penerimaan pikeun sakola reguler dilaksanakeun tanggal 29 Méi nepi ka 8 Juni 2026, sedengkeun tahap kadua dijadwalkeun 30 Juni nepi ka 6 Juli 2026.

SMAN 1 Purwakarta Jadi Sakola Maung di Purwakarta. SMAN 1 Purwakarta jadi hiji-hijina sakola di Kabupaten Purwakarta nu ditunjuk minangka palaksana Program Sakola Maung.

Humas SMAN 1 Purwakarta, Prima Wulan, M.Pd, ngabenerkeun yén Kick Off SPMB Sakola Maung geus dimimitian di sakolana.

Numutkeun pihak sakola, program ieu muka kasempetan pikeun siswa ti luar Purwakarta, malah ti sakuliah Jawa Barat, salami nyumponan sarat administrasi jeung hasil seleksi nu geus ditangtukeun.

Seleksi 100 Persén Dumasar Prestasi
Béda jeung sistem panarimaan saméméhna, Sakola Maung nerapkeun seleksi 100 persén dumasar prestasi, tanpa jalur zonasi atawa domisili.

Aya tilu jalur utama panarimaan, nyaéta:
Prestasi Akademik, dumasar kana nilai rapor jeung Tes Kamampuh Akademik (TKA).
Prestasi Non-Akademik, dumasar kana sertifikat kajuaraan.
Prestasi Inovasi/Karya, ngagunakeun Hak Kakayaan Intelektual (HKI) atawa karya inovatif siswa.

Ayeuna mah,  teu aya jalur prestasi di sakola reguler. Ngan, mékanisme seleksi taun ieu teu deui ngagunakeun tés tambahan.

Ayeuna mah ngagunakeun rapor jeung TKA, jadi teu aya tés deui,” pokna.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Kick Off SPMB 2026, SMAN 1 Purwakarta Asup Program Sakola Maung, Muka Kasempetan Pikeun Siswa Berprestasi Sa-Jabar"

Posting Komentar