Atlit SMPN 1 Purwakarta Bersinar dina Seleksi O2SN jeung Purwakarta Aquatic Swimming Festival 2026
Atlit SMPN 1 Purwakarta Bersinar dina Seleksi O2SN jeung Purwakarta Aquatic Swimming Festival 2026
PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-Kagiatan Seleksi O2SN tingkat Kabupaten Purwakarta jeung Purwakarta Aquatic Swimming Festival (PASF) anu digelar dina poe Sabtu-Minggu, 23-24 Mei 2026 di Kolam Renang Sthira Yudha Armed Purwakarta, jadi ajang némbongkeun bakat jeung prestasi para atlit ngora ti unggal sakola di Purwakarta.
Salah sahijina sakola anu hasil nyongcolang perhatian nyaéta SMPN 1 Purwakarta. Dina ieu ajang, para siswa ti kelas 7 jeung kelas 8 hasil nembongkeun kamampuhanana dina cabang olahraga renang. Pembina jeung guru olahraga SMPN 1 Purwakarta, Denden Heru Hanafiah, S.Pd., M.M., ngaku reueus ningali sumanget jeung perjuangan anak didikna dina kompetisi éta.
Perwakilan SMPN 1 Purwakarta, nyaéta Marwah Rifa Suryadi, hasil ngahontal prestasi anu luar biasa. Anjeunna suksés jadi Juara 1 tingkat kabupaten sarta dipastikeun bakal ngawakilan Purwakarta dina tingkat Provinsi Jawa Barat.
Marwah hasil mawa opat medali emas dina sababaraha nomor perlombaan, nyaéta 50 meter gaya dada, gaya bébas, gaya punggung, jeung gaya kupu-kupu. Prestasi éta jadi kabanggaan keur sakola ogé Kabupaten Purwakarta.
“Alhamdulillah, murid urang tiasa ngahontal hasil anu ngabanggakeun. Mugia di tingkat Jawa Barat tiasa deuih nyumbang medali pikeun Purwakarta,” saur Denden Heru Hanafiah.
Salian ti éta, para juara hasil seleksi tingkat sakola anu tadi geus dipasihan medali ogé direncanakeun bakal meunang plakat jeung pembinaan ti Dinas Pendidikan minangka bentuk apresiasi kana perjuangan jeung prestasi maranéhna.
Pihak pembina ogé boga target supaya para atlit tiasa ngahontal medali dina tingkat provinsi sanajan persaingan diperkirakeun bakal ketat ngalawan atlit ti Kota Bandung jeung kabupaten séjénna.
“Insyaallah target urang tiasa mawa medali. Sanaos persaingan beurat, teu aya anu teu mungkin lamun dibarengan ku sumanget jeung doa ti sadayana,” pokna pinuh ku harepan.
Kagiatan ieu dipiharep tiasa jadi wadah pikeun nyitak bibit-bibit atlit ngora anu engkéna tiasa ngaharumkeun ngaran Purwakarta boh di tingkat provinsi boh nasional.***
0 Response to "Atlit SMPN 1 Purwakarta Bersinar dina Seleksi O2SN jeung Purwakarta Aquatic Swimming Festival 2026"
Posting Komentar