Siswa SMPN 1 Purwakarta, Marwah Rifa Suryadi Siap Makalangan Seleksi O2SN Tingkat Provinsi
Siswa SMPN 1 Purwakarta, Marwah Rifa Suryadi Siap Makalangan Seleksi O2SN Tingkat Provinsi
Purwakarta – Warta Sunda Online,-Semangat jeung disiplin jadi konci utama pikeun ngahontal prestasi. Hal éta kaciri dina sosok Marwah Rifa Suryadi, siswi SMPN 1 Purwakarta anu terus ngukir prestasi dina cabang olahraga renang.
Marwah anu lahir di Purwakarta, 22 November 2012, geus nunjukkeun bakatna dina dunya renang ti saprak masih di bangku SD. Ayeuna, sanggeus asup tingkat SMP, manehna beuki serius nyiapkeun diri pikeun nyanghareupan kompetisi tingkat Provinsi Jawa Barat.
Dina wawancarana jeung Warta Sunda Online, Marwah nyebutkeun yén latihan jadi bagian penting dina kahirupan sapopoéna. Manehna latihan rutin nepi ka lima kali dina saminggu. Sedengkeun pikeun ngaronjatkeun fisik jeung napas, Marwah biasana latihan tambahan jeung pelatih ogé bapana ku cara lumpat di wewengkon Jatiluhur unggal poé libur.
“Latihan kudu leuwih semangat deui, ulah males-malasan. Fisik jeung napas penting pisan keur atlit renang,” ceuk Marwah.
Siswi anu ngabina diri di Club Talenta Aquatik ieu ogé ngabogaan disiplin anu cukup ketat dina ngagunakeun telepon genggam. Anjeunna ngaku ngan ukur maén HP dina poé libur, sedengkeun dina poé sakola ti Senén nepi ka Kemis leuwih fokus kana diajar jeung latihan.
“Lamun keur latihan mah ulah sambil maén HP. Kudu fokus supaya hasilna maksimal,” pokna deui bari seuri.
Di balik kasuksésanana ayeuna, aya carita haru anu kungsi jadi bagian dina hirup Marwah. Waktu leutik, saméméh asup SD, manehna kungsi ngalaman kajadian ampir tilelep nalika keur ulin jeung kolotna. Kajadian éta sempet nyieun trauma kana cai. Tapi, ku rojongan ti indung bapana, trauma éta lalaunan bisa diungkulan ku cara diasupkeun kana ekstrakurikuler renang ti mimiti kelas 1 SD.
Ti dinya, bakat jeung kamampuh Marwah terus mekar nepi ka ayeuna sanggup ngahontal sababaraha prestasi medali emas dina ajang kompetisi renang.
Sanajan kompetisi tingkat provinsi engké diprediksi bakal ketat, utamana jeung para atlit ti Kota Bandung jeung kabupaten séjénna, Marwah tetep optimistis jeung siap méré nu pangalusna pikeun Purwakarta.
Rojongan ti kulawarga, utamana ti indungna Desi jeung bapana, jadi sumber sumanget pangbadagna pikeun Marwah dina ngahontal cita-citana minangka atlit renang anu berprestasi.***
0 Response to "Siswa SMPN 1 Purwakarta, Marwah Rifa Suryadi Siap Makalangan Seleksi O2SN Tingkat Provinsi"
Posting Komentar