Atlit Ngora Kecamatan Plered Ilu Biung Dina Seleksi O2SN Purwakarta 2026
Atlit Ngora Kecamatan Plered Ilu Biung Dina Seleksi O2SN Purwakarta 2026
Purwakarta – Warta Sunda Online,-
Kagiatan Seleksi O2SN tingkat Kabupaten Purwakarta jeung Purwakarta Aquatic Swimming Festival (PASF) anu digelar dina poé Sabtu-Minggu, 23-24 Méi 2026 di Kolam Renang Sthira Yudha Armed Purwakarta, jadi ajang pikeun némbongkeun bakat, kamampuhan, jeung prestasi para atlit ngora ti rupa-rupa sakola di Kabupaten Purwakarta.
Dina éta pasanggiri, Tim FKGO Kecamatan Plered ogé milu ngirimkeun sababaraha wawakilna pikeun tandang makalangan dina cabang olahraga renang tingkat SD. Partisipasi éta jadi salasahiji bentuk motivasi pikeun ngaronjatkeun kamampuhan jeung jam terbang para siswa dina dunya olahraga renang.
Cepi Septiriana nyebutkeun yén sanajan can mampuh ngahontal kapinunjulan dina ajang O2SN taun ieu, tapi pangalaman tanding jadi hal anu kacida pentingna pikeun ngawangun mental jeung kamampuhan para atlit ngora.
“Tujuan utama urang mah pikeun méré pangalaman ka barudak sangkan leuwih wani tandang, nambah jam terbang, sarta apal kana kamampuhan tim-tim lawan di tingkat kabupaten,” ceuk Cepi Septiriana ka Warta Sunda Online di lokasi acara.
Tim FKGO Kecamatan Plered ngirimkeun sababaraha atlit ti sababaraha sakola dasar, di antarana ti SDN Sempur, SDN Cibogo Hilir, SDN Palinggihan, jeung SDN Babakansari.
Sanaos can hasil mawa gelar juara, sumanget jeung daya juang para atlit ngora kasebut meunang apresiasi ti para guru jeung official nu ngadampingi. Ku ilubiung dina kompetisi sapertos kieu, para siswa dipiharep bisa leuwih percaya diri sarta boga motivasi pikeun terus latihan.
Cepi ogé nandeskeun yén pikeun ngamekarkeun atlit renang nepi ka tingkat provinsi, para atlit kudu leuwih tiheula mampuh ngahontal prestasi di tingkat kabupaten.
“Mun hayang nepi ka tingkat provinsi, tangtu kudu bisa jadi juara heula di tingkat kabupaten. Ku kituna, ieu jadi motivasi keur barudak supaya leuwih giat latihan,” pokna.
Kagiatan O2SN jeung PASF ieu dipiharep jadi wadah positif pikeun ngajaring bibit-bibit atlit renang berbakat di Purwakarta anu engkéna bisa mawa ngaran hadé daerah dina tingkat anu leuwih luhur.***
0 Response to "Atlit Ngora Kecamatan Plered Ilu Biung Dina Seleksi O2SN Purwakarta 2026"
Posting Komentar