WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Kick Off SPMB 2026, SMAN 1 Purwakarta Asup Program Sakola Maung, Muka Kasempetan Pikeun Siswa Berprestasi Sa-Jabar

Kick Off SPMB 2026, SMAN 1 Purwakarta Asup Program Sakola Maung, Muka Kasempetan Pikeun Siswa Berprestasi Sa-Jabar PURWAKARTA – ...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Kepala SMPN 1 Purwakarta Hermin Rosnawati, M.Pd, Boga Komitmen Méré Rohangan jeung Pangrojong Pikeun Murid Supaya Berkembang

Kepala SMPN 1 Purwakarta Hermin Rosnawati, M.Pd, Boga Komitmen Méré Rohangan jeung Pangrojong Pikeun Murid Supaya Berkembang


Purwakarta – Warta Sunda Online,-
SMP Negeri 1 Purwakarta terus némbongkeun komitménna dina ngarojong pangembangan bakat jeung poténsi murid, boh dina widang akademik boh non-akademik. Hal éta ditegaskan ku Kepala SMPN 1 Purwakarta, Hermin Rosnawati, M.Pd nyebutkeun pentingna méré rohangan jeung pangrojong ka murid sangkan bisa mekar luyu jeung bakat sarta minatna séwang-séwangan.

Numutkeun anjeunna, SMPN 1 Purwakarta miboga loba murid anu berbakat dina rupa-rupa widang. Salah sahiji prestasi anu jadi kareueus babarengan nyaéta hasil anu dihontal ku ananda Marwah dina ajang Olimpiade Olahraga Siswa Nasional (O2SN) cabang olahraga renang kalayan hasil meunang sababaraha medali.

“Prestasi anu dihontal ku murid-murid SMPN 1 Purwakarta jadi motivasi jeung énergi positif pikeun urang sadaya. Sakola bakal terus ngasah kamampuhan murid ngaliwatan kagiatan ekstrakurikuler sarta ngiringkeun maranéhna dina rupa-rupa pasanggiri bakat jeung minat murid,” saur anjeunna.

Anjeunna ogé nambahan yén pihak sakola bakal terus nyiptakeun lingkungan atikan anu bisa ngarojong murid jadi pribadi anu percaya diri, boga prestasi, sarta mampuh bersaing sacara positif dina rupa-rupa ajang atikan jeung olahraga.

Ket.Poto: Marwah Rifa Suryadi, siswi SMPN 1 Purwakarta Poto bareng Kepala SMPN 1 Purwakarta, Hermin Rosnawati, M.Pd.*

Ngaliwatan pangbinaan anu terus-terusan jeung rojongan ti sakumna pihak sakola, SMPN 1 Purwakarta miharep bisa terus ngahasilkeun generasi ngora anu unggul sarta mampuh ngaharumkeun ngaran sakola jeung Kabupaten Purwakarta di tingkat anu leuwih lega.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Kepala SMPN 1 Purwakarta Hermin Rosnawati, M.Pd, Boga Komitmen Méré Rohangan jeung Pangrojong Pikeun Murid Supaya Berkembang"

Posting Komentar