WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi Purwakarta – Warta Sunda Online ,- Sakola Menenga...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

SASAKALA DESA SINAGAR Tutugan Galunggung jeung Tapak Peradaban Karuhun

SASAKALA DESA SINAGAR

Tutugan Galunggung jeung Tapak Peradaban Karuhun



Ku: Ki Acep Aan Santana

TASIKMALAYA — Sinagar mangrupa hiji lembur anu perenahna aya di wilayah Kecamatan Sukaratu, Kabupaten Tasikmalaya, Provinsi Jawa Barat. Ieu lembur kaasup kana wewengkon tutugan Gunung Galunggung, anu ti mangsa baheula dipikawanoh minangka daérah subur sarta jadi tempat tumuwuhna peradaban masarakat Sunda.

Sacara kahirupan sosial-ékomomi, mayoritas warga Desa Sinagar ngandelkeun kahirupan tina widang tatanén, utamana patani sawah jeung perikanan. Pola hirup masarakatna masih pageuh kana nilai gotong royong, silih tulungan, sarta ajén-inajén karuhun nu turun-tumurun dijaga nepi ka kiwari.

Dina masarakat kungsi sumebar rupa-rupa pamadegan ngeunaan asal-usul kecap “Sinagar”. Aya nu ngaduga asalna tina kecap sisi nagara, aya ogé nu nyebutkeun yén kecap éta miboga patalina jeung unsur budaya di luar Tatar Sunda. Pamadegan-pamadegan éta sumebar sacara lisan, tapi teu kungsi dipastikeun dumasar kana tapak sajarah anu écés.

Sanggeus ditelusur sacara jero ngaliwatan sajarah lisan, carita kolot lembur, sarta rujukan sajarah kabudayaan Sunda, kapanggih hiji katerangan anu leuwih kuat tur nyambung kana kontéks sajarah wewengkon Priangan Wétan. Numutkeun panalungtikan ku budayawan Tasikmalaya, Ki Acep Aan Santana, kecap Sinagar sabenerna asal tina ngaran saurang tokoh dalem awéwé anu kacida pentingna dina mangsa baheula.

Tokoh éta nyaéta Ny. Rd. Saca Nagara, saurang bangsawan awéwé anu miboga kalungguhan jeung pangaruh dina struktur sosial karajaan Sunda baheula. Dina lalampahan waktu, ku sabab faktor ucap lisan masarakat, ngaran Saca Nagara laun-laun robah jadi Sacanagara. Saterusna, dina pamakéan sapopoé anu leuwih ringkes, kecap éta ngalaman panyederhanaan deui jadi Sinagar, anu ahirna dipaké minangka ngaran lembur nepi ka ayeuna.

Dina catetan sajarah, Ny. Rd. Saca Nagara ogé kacatet kungsi ngalaksanakeun pernikahan jeung Dalem Ciomas Panjalu, hiji tokoh pamingpin di wewengkon Panjalu, anu ayeuna kaasup kana wilayah Kabupaten Ciamis. Ieu hal nuduhkeun yén Desa Sinagar miboga patalina jeung jaringan kakawasaan, budaya, sarta peradaban Sunda buhun anu sumebar di wewengkon Priangan jeung Galunggung.

Ku kituna, sasakala Desa Sinagar lain saukur carita kolot anu dicaritakeun turun-tumurun, tapi mangrupa tapak sajarah anu nuduhkeun yén unggal ngaran tempat di Tatar Sunda ngabogaan ajén, harti, jeung identitas budaya anu jero. Ngulik jeung ngajaga sasakala lembur sarua hartina jeung ngajaga jati diri urang Sunda sorangan, sangkan teu leungit kabawa ku robahna jaman.

Sasakala ieu dipiharep jadi bahan élmu pikeun generasi ngora, ogé jadi pangéling-ngéling yén lembur-lembur di tatar Sunda nyimpen pusaka sajarah anu pantes dirumat, dijaga, jeung dilestarikeun.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SASAKALA DESA SINAGAR Tutugan Galunggung jeung Tapak Peradaban Karuhun"

Posting Komentar