Penanaman Serentak 750 Hektare Program Polda Jabar Digelar di Désa Karoya
Penanaman Serentak 750 Hektare Program Polda Jabar Digelar di Désa Karoya
Tegalwaru – Warta Sunda Online,-
Program penanaman serentak lega lahan 750 héktare nu digagas ku Polda Jawa Barat dilaksanakeun di sababaraha wewengkon di Jawa Barat. Salah sahiji titik palaksanaan kagiatan éta aya di Désa Karoya, Kecamatan Tegalwaru, Kemis, 29/01/2026 kalayan lega lahan nu ditanami sakitar 1,2 héktare.
Kagiatan penanaman di Désa Karoya ieu dipilampah babarengan jeung Kelompok Tani Harapan Désa Karoya, kalayan pangrojong sarta pendampingan ti jajaran Polsek jeung Koramil. Ieu mangrupa wujud sinergitas TNI–Polri jeung masarakat dina ngarojong program ketahanan pangan.
Kapolsek Plered, AKP Ali Murtadho, netelakeun yén kalibetna Polri dina kagiatan ieu mangrupakeun salah sahiji wangun dukungan kana program nasional ketahanan pangan.
“Polri teu saukur ngalaksanakeun tugas ngajaga kaamanan, tapi ogé milu ngadorong produktivitas masarakat, hususna para patani, sangkan lahan nu aya tiasa dimanfaatkeun sacara optimal,” pokna.
Salian ti éta, anjeunna ogé ngajelaskeun yén program penanaman serentak ieu mangrupa bagian tina komitmen Polda Jabar dina ngarojong ketahanan pangan di tingkat daérah.
“Mugia ku ayana penanaman serentak ieu, produksi tatanén tiasa ningkat, sarta kolaborasi antara aparat jeung masarakat di tingkat désa beuki raket,” tandesna.
Samentara éta, Kepala Désa Karoya, Unang, ngahaturkeun nuhun sarta pangajén ka sakabéh pihak nu parantos kalibet dina kagiatan ieu.
“Kami ngarasa dirojong jeung diperhatikeun. Mugi program sapertos kieu tiasa teras lumangsung sarta masihan mangpaat nyata pikeun karaharjaan para patani,” pokna.
Ku ayana kagiatan ieu, dipiharep ketahanan pangan di wewengkon Désa Karoya hususna, sarta Jawa Barat umumna, tiasa beuki kuat jeung lestari.
Lain halnya ceuk Penyuluh Pertanian Tegalwaru, Acep Hanan, yen Kelompok Tani Harapan Désa Karoya antusias ngiring kagiatan nu seperti kitu. ***

0 Response to "Penanaman Serentak 750 Hektare Program Polda Jabar Digelar di Désa Karoya"
Posting Komentar