WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

MPLS Ramah 2026, Murid Anyar Dipapag Ku Lingkungan Sakola Nu Aman jeung Lancar

MPLS Ramah 2026, Murid Anyar Dipapag Ku Lingkungan Sakola Nu Aman jeung Lancar Warta Sunda | Warta Atikan Pamaréntah ngaliwatan...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Proses Ngadamel Angklung


Aya sababaraha awi nu biasa di jieun keur piangklungeun. Dihandap ieu diantarana :

1. Awi Hideung (wulung)
2. Awi Tèmèn
3. Awi Tali
4. Awi Gombong

Awi wulung & awi tèmèn dipaké keur tabung sora, awi tali dipaké keur dasarna, awi gombong dipaké jeujeur & palang gantungana.


Di tuar dina usum halodo antara jam 9 - jam 15 soré... pilih awi nu lempeng mulus nu hideung mèlès nu manjing umurna antara 4 dugi ka 6 taun.


Saanggeus di tuar teu bisa langsung dipaké, kudu digaringkeun heula, baheula mah disimpen diluhureun hawu (diunun).

Kulantaran ayeuna mah hawu téh jarang da éléh ku gas melon awi téh di tangtungkeun diu iuh (diangin anginkeun) antara 6 bulan tepi ka sataun......

cag heula ke diteraskeun deui....
Rahmat Angklung - Rukun Wargi

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Proses Ngadamel Angklung"

Posting Komentar