WARTA ATIKAN TI TEGALWARU : SMP Negeri 1 Tegalwaru Mapag Gladi Bersih UNBK
Mapag Gladi Bersih UNBK
TEGALWARU – Warta Sunda Onliné
|
G
|
LADI Bersih UNBK di SMP Negeri 1 Tegalwaru, para siswana dibagi tilu sesi.
Malah mandar jumlah siswa Kelas 9-na ogé aya kana 292 urang. Jadi per sesi
barudak nu ngiring Gladi Bersih UNBK téh 100 urang/sesi.
Dina hal ieu mah, témbong dina gambar keur
persiapan Gladi Bersih UNBK nu tilu ruang. Samalah tilu ruang éta téh ngawengku
sarana IT / Komputerna jumlahna aya 112 PC wincikanana diantara 60 Unit PC ti
sakola, 5 Unit Server sakola, 30 Unit nu sewa sarta 12 Unit PC nambut nu guru
katut siswa. Kitu dijelaskeun ku Wakasek
Kesiswaan, Tedi Suryana, S.Pd ka Warta Sunda Onliné poé Saptu 916/3) di
SMPN 1 Tegalwaru.
“Dina waktuna Gladi Bersih UNBK téh lumansgung
dua poé nyatana poé Senen jeung Salasa, (18-19 Maret 2019) Poé ka-1 Mata
Pelajaran Bahasa Inggris jeung Poé ka-2 Mata Pelajaran Matematika,” pokna Tedi.
Dina kasempetan éta ogé, Kepala SMP Negeri
1 Tegalwaru, Nur Iskandar, S.Pd disakolana ngawangkong jeung Warta Sunda
Onliné, inyana katingal keur ningali staff nalika keur ngageulisan sakola.
Ceuk Nur Iskandar, “Mugia dina waktosna Gladi
Bersih UNBK jeung Puncana acara UNBK téh kalayan lancar sakumaha mistina, alias
teu aya gangguan. Poma Poé Senen, (18/3) mugia Gladi Bersih UNBK lancar.”
“Kajaba para peserta didikna tiasa haladir
sakumaha nu geus ka gilir tiap sesina,” pokna Nur Iskandar.
Lain halna ceuk dua urang
siswa SMPN 1 Tegalwaru, Énuralisah kelas 9-C jeung Andi Hidayat kelas 9-D,
persiapan diajar dibumina keur mapag Gladi
Bersih UNBK, mugia dina waktosna sehat tur tiasa hadir ngiringan Gladi Bersih
UNBK.*** Anto S

0 Response to "WARTA ATIKAN TI TEGALWARU : SMP Negeri 1 Tegalwaru Mapag Gladi Bersih UNBK"
Posting Komentar