Musrenbang Desa Tegal Datar Ngaprioritaskeun Jalan Ka Dermaga jeung Rutilahu
Musrenbang Desa Tegal Datar Ngaprioritaskeun Jalan Ka Dermaga jeung Rutilahu
PURWAKARTA – Warta Sunda Online (WSO)
Musyawarah Perencanaan Pembangunan (Musrenbang) Desa Tegal Datar dilaksanakeun dina Salasa, 7 Januari 2026, tempatna di Desa Tegal Datar, Kecamatan Maniis, Kabupaten Purwakarta.
Dina ieu kagiatan, hadir sababaraha unsur pamaréntahan, di antarana Dadan salaku Kasi DPMD Kabupaten Purwakarta, Sunardi Kepala Desa Tegal Datar, Asep Munir Kasi Tapem Kecamatan Maniis, sarta Doni Juliansyah Sekretaris Desa Tegal Datar. Sajaba ti éta, Musrenbang ogé dihadiran ku tokoh masarakat jeung unsur lembaga desa séjénna.
Musrenbang Desa Tegal Datar taun 2026 museurkeun kana skala prioritas pangwangunan, nyaéta ngaropéa jalan kabupatén nuju ka dermaga panjangna kurang leuwih 600 méter, ogé program Rutilahu (Imah Teu Pantes Huni) pikeun masarakat nu ngabutuhkeun.
Kepala Desa Tegal Datar, Sunardi, nétélakeun yén infrastruktur jalan mangrupa kabutuhan utama masarakat. Numutkeun anjeunna, jalan nu alus bakal ngagampangkeun kagiatan usaha warga sarta ngadorong lancarna roda ékonomi desa.
“Mun jalan geus alus, masarakat jadi gampang usaha-na. Otomatis ékonomi ogé bakal leuwih lancar,” ceuk Sunardi dina forum Musrenbang.
Jalan kabupatén nu nyambungkeun ka dermaga mangrupa aksés penting pikeun masarakat Tegal Datar, hususna dina ngarojong kagiatan ékonomi sapopoé, boh dina widang perikanan, dagang, boh transportasi hasil tatanén.
Salain ti éta, program Rutilahu ogé jadi perhatian utama pamaréntah desa. Ieu program dianggap penting pikeun ningkatkeun kualitas kahirupan masarakat, sangkan boga tempat cicing nu aman, séhat, jeung merenah.
“Intina mah, jalan kudu mulus, imah kudu alus. Lamun kitu, kahirupan masarakat Tegal Datar bakal leuwih kaurus,” ceuk salah saurang pamilon Musrenbang.
Pamaréntah Desa Tegal Datar miharep, hasil Musrenbang ieu bisa jadi dadasar perencanaan pangwangunan nu luyu jeung kabutuhan nyata masarakat, sarta bisa direalisasikeun sacara bertahap ku dukungan ti pamaréntah kabupatén.
Musrenbang Desa Tegal Datar ieu jadi bukti ayana komitmen babarengan antara pamaréntah desa, kecamatan, jeung masarakat dina ngawujudkeun pangwangunan nu adil, merata, sarta ngarah kana karaharjaan masarakat Tegal Datar.

0 Response to "Musrenbang Desa Tegal Datar Ngaprioritaskeun Jalan Ka Dermaga jeung Rutilahu"
Posting Komentar