WARTA ATIKAN KEPANDUAN TI TEGALWARU : KWARRAN TEGALWARU MAGELARKEUN SCOUTING SKILL TRAINING di SMP Negeri 1 Tegalwaru
MAGELARKEUN SCOUTING SKILL TRAINING
di SMP Negeri 1 Tegalwaru
4
|
5 Urang pamilon SCOUTING SKILL TRAINING di Tegalwaru luyu sareng jadwal ti
Pusdiklatcab Tegalwaru (Saptu, 16 Maret
2019), dipuseurkeun di SMP Negeri 1 Tegalwaru, Kecamatan Tegalwaru, Kabupatén Purwakarta, Jawa
Barat, Indonésia. Di wewengkon ieu mah, eur mah nu ngamupuanana ogé
nembe sababaraha poé, ayeuna sakolana ditunjuk pikeun ngalumangsungkeun
kagiatan SCOUTING SKILL TRAINING, pihakna ngarasa reueus.

“Malah mandar, ieu kapercantenan ti pihak
Kwarran Tegalwaru ka SMPN 1 Tegalwaru, jadi puseur kagiatan nu aya dina agénda
pihak Pusdiklatcab Kabupatén Purwakarta,” kitu ceuk Kepala SMPN 1 Tegalwaru, Nur Iskandar, S.Pd nalika ngawangkong
jeung Warta Sunda Onliné (WSO) sabada réngse acara Pusdiklatcab nyaéta
SCOUTING SKILL TRAINING di Tegalwaru, Saptu (16/3).
Sedengkeun ceuk Ketua Panitia SCOUTING SKILL TRAINING Kabupatén Purwakarta, Hedi
Hidayat, S.Pd, acara nu saperti kitu téh ngarupakeun kagiatan
kepanduan dina raraga ngalatih jeung ngamekarkeun keterampilan Pembina Pramuka
utamana dina widang keterampilan tehnik kepramukaan sangkan mampu ngokolakeun
kagiatan gudep nu nu bener-bener luyu jeung kawijakan Gerakan Pramuka Daérah
(Kwarda). Gudep-gudep nu aya diwewengkon daérahna sewang-sewangan pikeun
dibekelan kaélmuan kepramukaan.
Dina kasempetan éta ogé, Ketua Pelaksana Lokal Scouting Skill
Training Kwarran Tegalwaru, Salim S.Pd, dina biantarana ngeceskeun yén
jumlah pamilon nu milu aub téh aya kana 45 urang nu ngawengku pamilon di
Tingkat SD katut SMP. Kajaba éta, tempat keur magelarkeun kagiatan Scouting
Skill Training di SMP 1 Tegalwaru, Kecamatan Tegalwaru, Kabupatén Purwakarta,
Jawa Barat Indonésia, poé
Saptu 16/3. Samalah nu direncanakeun téh nu kawitna di GOR Cabang PGRI Tegalwaru,
nya kapaksa dudak-dadak di SMPN 1 Tegalwaru.
“Tapi, ngarasa reueus, yén kagiatan Scouting
Skill Training di SMP 1 Tegalwaru dibuka langsung ku Kepala UPTD Pendidikan
Kecamatan Tegalwaru (H. Juddin, S.Pd, M.P), kalayan rempeg kepala SD
sa-Tegalwaru ngahadiran, sok sanaos poé éta téh aya 3 (tilu) kagiatan pikeun
dihadiran ku para kepala SD nyatana acara OSN Tingkat Kabupatén Purwakarta di
SMPN 1 Purwakarta sarta Sawala Budaya Tingkat Kabupatén di Gédong Yudistira
Kabupatén Purwakarta,” pokna Salim leuwih ngeceskeun ka WSO.

Dina kasempetan éta ogé Kepala UPTD Pendidikan Kecamatan Tegalwaru,
H. Judin, S.Pd, M.Pd, inyana ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka para
pamilon. “Mungpung aya para pelatih pramuka nu sakitu gedé ajénna pikeun
masihan élmu pangaweruh ngeunaan kepramukaan. Ieu téh tong dilalaworakeun
kagiatanna. Lantaran pikeun para pembina nu milu aub kagaitan Scouting Skill
Training, engkéna tiasa diaplikaseikeun ka para peserta didik di masing-masing
gudepna.”
“Urang kedah soson-soson narima wejangan
ti para pelatih nu aya dina beungkeutan Pusat Pendidikan dan Latihan Cabang
(Pusdiklatcab) Kabupatén Purwakarta,” kitu harepan Kepala UPTD Pendidikan Kec.
Tegalwaru.

Sedengkeun ceuk Ketua Kwarran Tegalwaru, H. Kosasih, A.Ma,Pd kagiatan Scouting
Skill Training nu diayakeun ku pihak Pusdiklatcab Kabupatén Purwakarta, ngarasa
bingah amarwatasuta. “Sok, sanaos sim kuring tos purna bhakti di kependidikan,
tapi ningali sumangetna para pamilon, kalintang saéna, mugia élmu nu ditampi u
para pamilon tiasa langkung dimekarkeun deui di unggal gudep,” pokna H. Kosasih
dina wangkongan jeung WSO saatosna
pembukaan acara Scouting Skill Training.
Dina kasempetan éta ogé, pihak
Pusdiklatcab ngabejerbéaskeun kagiatan nu saperti kitu. Malah tujuan
Scouting Skill Training téh, nyaéta pendidikan jeung pelatihan praktis pikeun
para pembina pramuka. Ku kituna para pembina pramukana tiasa leuwih mikacinta,
ngamekarkeun jeung ngaronjatkeun élmu pangaweruh katerampilan para pembina
pramuka nu aya di gudepna sewang-sewangan kalayan sacara konsepsional tur operasional.
Sedengkeun sasaran nu jati utama na pihak
panatacalagara téh, para pamilon tiasa ngarti jeung faham tur mampu nerapkeun
metodé latihan nu effektif jeung effesien dina
widang keparamukaan.
Lian ti éta, dipiharep para pamilon tiasa
ngamangpaatkeun sumber daya nu aya dilingkungan keur kapentingan ngalola
latihan. Kajaba kitu, tiasa leuwih tanggung jawab nu leuwih hadé luyu sareng
tugas jeung kawajiban salaku pembina.
Ceuk Ketua Pusdiklatcab, Ka Tri Kurniati,
S.Pd, inyana miharep acara nu saperti kitu téh pikeun pembekalan para pembina
dina hirup kumbuh dialam terbuka, bisa ngaaplikasikeun ka peserta didik dina
kahirupan sapopoé. Komo kasebutna urang survival mah teu aya istilah
kalaparan, nyasab ileuweung. Tapi ku ayana kaélmuan ti pusdiklatcab janten bekel,"
pokna Ka Tri.
Dina kasempetan éta ogé, pihak redaksi
ngawawancaraan dua urang poerwakilan pamilon Putra Éncép Anwarudin Guru SDN 2 Cadassari
jeung Putri Angel Guru di tonggoh di SDN Cisarua (sapertos témbong dina poto),
duanana ngarasa reueus, yén dina kagiatan éta téh, narima élmu
langsung ti kaka-kaka pelatih nu sakitu gedé ajénna dina élmu kepramukaan
hususna matéri Survival, Navigasi Darat jeung PP.
Dina hal ieu mah, nambah pengetahuan langsung di ieu
kagiatan, utamana keur ngaaplikasikeun di gugus depanna ka para peserta
didik.*** Anto S.




0 Response to "WARTA ATIKAN KEPANDUAN TI TEGALWARU : KWARRAN TEGALWARU MAGELARKEUN SCOUTING SKILL TRAINING di SMP Negeri 1 Tegalwaru"
Posting Komentar