WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi Purwakarta – Warta Sunda Online ,- Sakola Menenga...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Antusias Poe Kahiji Sakola, SDN 3 Cianting Mimitian Semester Genap 2025/2026



Antusias Poe Kahiji Sakola, SDN 3 Cianting Mimitian Semester Genap 2025/2026

PURWAKARTA — Warta Sunda Online

Saatos liburan Semester I Taun Ajaran 2025/2026, SDN 3 Cianting, Kecamatan Sukatani, Kabupaten Purwakarta, mimiti deui ngalaksanakeun kagiatan diajar-mengajar dina Semester Genap kalayan suasana pinuh ku sumanget. Dina poe kahiji sakola, sakumna siswa hadir kalayan antusias sanajan cuaca grimis nyiraman wewengkon Cianting.

Kepala SDN 3 Cianting, Eman Sulaeman, S.Pd.I, ngajelaskeun yén jumlah tenaga pendidik jeung kependidikan di sakolana aya 10 urang, sedengkeun jumlah siswa sakabéhna ngahontal 269 urang.

“Alhamdulillah, dina poe kahiji sakola barudak tiasa hadir kalayan pinuh ku sumanget. Ieu janten tanda yén motivasi diajar murid-murid SDN 3 Cianting tetep hadé,” pokna.

Antusiasme siswa geus katingali ti isuk-isuk. Poe kahiji sakola disambut ku raray bungah para murid, bari sepuh murid ogé milu nganteurkeun barudakna ka sakola kalayan tertib nepi ka wates anu tos ditangtukeun ku pihak sakola.

Siswa sareng rengrengan juru atik SDN 3 Sukatani ngalaksanakeun Upacara Bendera Munggaran dina Smester Genap. (Dok. SDN 3 Cianting)*

Sanajan hujan grimis, upacara poe kahiji sakola tetep tiasa dilaksanakeun di lapangan sakola. Barudak, para guru, sarta sakumna kulawarga gedé SDN 3 Cianting nuturkeun upacara kalayan khidmat tur disiplin.

Salah sahiji perwakilan siswa, Neng Marwah Pujayanti babarengan jeung Dika Aldiyana, siswa kelas VI anu dumuk di Kampung Leuweung Nangkod, Desa Cianting, nyaritakeun yén ti isuk-isuk geus nyiapkeun diri pikeun indit ka sakola.

“Ti isuk-isuk geus siap ti bumi, hoyong gancang ka sakola deui,” ceuk Neng Marwah kalayan semu bungah, bari dibarengan ku rerencanganana.

SDN 3 Cianting anu perenahna di Kampung Andir RT 017/RW 005, Desa Cianting, henteu ngan ukur museur kana kagiatan akademik, tapi ogé ngajalankeun program TDBA (Tanam Dari Bulan Awal) ti mimiti Januari.

Program TDBA ieu ngawengku kagiatan penyemaian apotek hirup, saperti cabe, cengek, tomat, sarta rupa-rupa tutuwuhan mangpaat lianna. Ieu program dijadikeun bagian tina pendidikan karakter jeung pangajaran berbasis lingkungan pikeun siswa.

Ku dimimitianana Semester Genap ieu, pihak sakola miharep sakumna siswa tiasa neraskeun diajar kalayan disiplin, sumanget, sarta miboga rasa kapedulian kana lingkungan sakola jeung sabudeureunana.

Lain halna ceuk Pengawas Pendamping sakaligus Ketua Korwil VIII Sukatani–Plered Widang Atikan, H. Sunarya, S.Pd., M.Pd, dina apel isuk jeung kagiatan monitoring di SDN 3 Cianting, nepikeun yén kualitas sakola gumantung kana kamampuhan manajerial pupuhu sakola.

“Lamun kapamimpinan geus biasa nerapkeun disiplin, salah sahijina ku datang leuwih tiheula tibatan guru jeung siswa, éta bakal jadi suri tauladan di lingkungan sakola,” pokna.

Lian ti éta, H. Sunarya ogé ngingetan yén sakola kudu ngalaksanakeun kabijakan pamaréntah daerah ngeunaan jam asup diajar pukul 06.30 WIB, luyu jeung instruksi tingkat kabupaten jeung provinsi.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Antusias Poe Kahiji Sakola, SDN 3 Cianting Mimitian Semester Genap 2025/2026"

Posting Komentar