WARTA ATIKAN TI KEPANDUAN : KWARRAN KOTA MAGELARKEUN SCOUTING SKILL TRAINING di SMP Negeri 6 Purwakarta
KWARRAN KOTA
di SMP Negeri 6 Purwakarta
PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,
58
|
Urang pamilon SCOUTING SKILL
TRAINING di Kecamatan Purwakarta luyu sareng jadwal ti Pusdiklatcab Tegalwaru (Ahad,
17 Maret 2019), dipuseurkeun di SMP Negeri 6 Purwakarta, Kecamatan Purwakarta,
Kabupatén Purwakarta, Jawa Barat, Indonésia.
Sedengkeun ceuk Ketua Panitia SCOUTING SKILL TRAINING Kabupatén Purwakarta, Hedi
Hidayat, S.Pd, acara nu saperti kitu téh ngarupakeun kagiatan
kepanduan dina raraga ngalatih jeung ngamekarkeun keterampilan Pembina Pramuka
utamana dina widang keterampilan tehnik kepramukaan sangkan mampu ngokolakeun
kagiatan gudep nu nu bener-bener luyu jeung kawijakan Gerakan Pramuka Daérah
(Kwarda). Gudep-gudep nu aya diwewengkon daérahna sewang-sewangan pikeun
dibekelan kaélmuan kepramukaan.
Dina kasempetan éta ogé, Ketua Pelaksana Lokal Scouting Skill
Training Kwarran Purwakarta, Heti Susanti, S.Pd, dina biantarana ngeceskeun
yén jumlah pamilon nu milu aub téh aya kana 58 urang nu ngawengku pamilon di pangkalan
SD, SMP, SMA katut SMK. Kajaba éta, tempat keur magelarkeun kagiatan Scouting
Skill Training di SMP 6 Purwakarta, Kecamatan Purwakarta, Kabupatén
Purwakarta, Jawa Barat Indonésia, poé
Ahad (17/3).
Ceuk Pembina Upacara Pembukaan Scouting Skill Training, Wakabinawasa Ka
Uyat Sudaryat, inyana ngahaturkeun
rewu-rewu nuhun ka para pamilon. “Mungpung aya para pelatih pramuka nu sakitu
gedé ajénna pikeun masihan élmu pangaweruh ngeunaan kepramukaan. Ieu téh tong
dilalaworakeun kagiatanna. Lantaran pikeun para pembina nu milu aub kagaitan Scouting
Skill Training, engkéna tiasa diaplikaseikeun ka para peserta didik di
masing-masing gudepna.”
“Urang kedah soson-soson narima wejangan
ti para pelatih nu aya dina beungkeutan Pusat Pendidikan dan Latihan Cabang
(Pusdiklatcab) Kabupatén Purwakarta,” kitu harepan Uyat Sudaryat.
Dina kasempetan éta ogé, pihak
Pusdiklatcab ngabejerbéaskeun kagiatan nu saperti kitu. Malah tujuan
Scouting Skill Training téh, nyaéta pendidikan jeung pelatihan praktis pikeun
para pembina pramuka. Ku kituna para pembina pramukana tiasa leuwih mikacinta,
ngamekarkeun jeung ngaronjatkeun élmu pangaweruh katerampilan para pembina
pramuka nu aya di gudepna sewang-sewangan kalayan sacara konsepsional tur operasional.
Sedengkeun sasaran nu jati utama na pihak
panatacalagara téh, para pamilon tiasa ngarti jeung faham tur mampu nerapkeun
metodé latihan nu effektif jeung effesien dina
widang keparamukaan.
Lian ti éta, dipiharep para pamilon tiasa
ngamangpaatkeun sumber daya nu aya dilingkungan keur kapentingan ngalola
latihan. Kajaba kitu, tiasa leuwih tanggung jawab nu leuwih hadé luyu sareng
tugas jeung kawajiban salaku pembina.
Ceuk Ketua Pusdiklatcab, Ka Tri Kurniati,
S.Pd, inyana miharep acara nu saperti kitu téh pikeun pembekalan para pembina
dina hirup kumbuh dialam terbuka, bisa ngaaplikasikeun ka peserta didik dina
kahirupan sapopoé. Komo kasebutna urang survival mah teu aya istilah
kalaparan, nyasab ileuweung. Tapi ku ayana kaélmuan ti pusdiklatcab janten bekel,"
pokna Ka Tri.
Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku redaksi, nu ngabedakeun
kagiatan Scouting Skill Training di SMPN 6 Purwakarta para siswana milu aub
dina Paduan Suara.*** Anto S.



0 Response to "WARTA ATIKAN TI KEPANDUAN : KWARRAN KOTA MAGELARKEUN SCOUTING SKILL TRAINING di SMP Negeri 6 Purwakarta"
Posting Komentar