Pentas Seni, Kenaikan Kelas Siswa Kelas I–V jeung Pelepasan Siswa Kelas VI SDN 1 Citalang Diprakarsai ku Hj. Sity Khodizah
Pentas Seni, Kenaikan Kelas Siswa Kelas I–V jeung Pelepasan Siswa Kelas VI SDN 1 Citalang Diprakarsai ku Hj. Sity Khodizah
PURWAKARTA – Warta Sunda Online,
Suasana pinuh ku kabagjaan jeung kaharuan karasa ngahiji dina kagiatan Pentas Seni, Kenaikan Kelas Siswa Kelas I nepi ka V, sarta Pelepasan Siswa Kelas VI SDN 1 Citalang anu dilaksanakeun kalayan meriah dina Senén (22/6/2026). Kagiatan ieu jadi momen anu istiméwa pikeun sakumna warga sakola, boh siswa, guru, boh para kolot murid anu hadir ngiringan acara pinuh ku kenangan éta.
Kagiatan anu diprakarsai ku Hj. Sity Khodizah ieu hasil ngahijikeun sumanget kabersamaan antara pihak sakola jeung para wali murid. Ngaliwatan inisiatif anu kuat sarta gotong royong ti sakumna pihak, acara tiasa lumangsung kalayan lancar, meriah, sarta mawa kabagjaan pikeun para siswa.
Hj. Sity Khodizah (acuk Kream) penggagas kagiatan Pentas Seni, Kenaikan Kelas Siswa Kelas I nepi ka V, sarta Pelepasan Siswa Kelas VI SDN 1 Citalang.*
Hj. Sity Khodizah ka Warta Sunda Online, inyana salaku penggagas kagiatan eta nétélakeun rasa syukur lantaran acara anu dirarancang ku para kolot murid bisa kalaksanakeun kalayan hadé. Numutkeun anjeunna, kagiatan ieu lain ngan saukur hiburan, tapi ogé mangrupa wangun pangajén kana usaha, perjuangan, jeung prestasi para siswa salila sataun ngajalankeun prosés diajar di sakola.
“Mugia sakumna siswa Kelas VI anu ayeuna dileupaskeun tiasa ditarima di sakola negeri anu dipikahayang sarta sadayana tiasa nuluykeun sakola ka jenjang anu leuwih luhur. Muga-muga janten generasi anu soleh, pinter, tur mawa mangpaat keur kulawarga, bangsa, jeung nagara,” saur Hj. Sity Khodizah.
Samentara éta, Kapala SDN 1 Citalang - Tegalwaru, Hj. Enok Komara, S.Pd., ngahaturkeun rasa sukur jeung apresiasi anu luhur ka para kolot murid anu geus méré gagasan, dukungan, sarta partisipasi aktif dina nyukséskeun kagiatan éta.
Numutkeun anjeunna, acara kenaikan kelas pikeun siswa Kelas I nepi ka V sarta pelepasan siswa Kelas VI tiasa lumangsung berkat ayana kahayang jeung sumanget para wali murid anu miharep aya momen husus pikeun ngapresiasi hasil diajar barudak salila sataun.
Gagasan éta diprakarsai ku salah saurang wawakil kolot murid, Mamah Arika (Hj. Sity Khodizah), anu aktip ngahimpun dukungan ti para wali murid séjénna nepi ka acara bisa kalaksanakeun kalayan hadé.
“Pihak sakola ngahaturkeun nuhun sarta ngahargaan pisan kana gagasan ti para kolot murid. Ku ayana kasaluyuan jeung kakompakan, kagiatan kenaikan kelas siswa Kelas I nepi ka V jeung pelepasan siswa Kelas VI tiasa lumangsung kalayan aman, lancar, sarta mawa kabagjaan pikeun barudak,” pokna Hj. Enok Komara.
Dina Taun Ajaran 2025/2026, SDN 1 Citalang miboga jumlah siswa sakabéhna 187 urang. Ari siswa Kelas VI anu dileupaskeun aya 26 urang, sedengkeun peserta didik anyar anu asup ka Kelas I pikeun taun ajaran anyar kacatet 25 urang.
Runtuyan acara dieusi ku rupa-rupa pintonan kasenian anu dipidangkeun ku para siswa, pangalungan kenang-kenangan pikeun siswa Kelas VI, sarta hiburan anu ngajadikeun suasana leuwih haneut, akrab, jeung semarak. Teu saeutik kolot murid anu ngarasa reueus bari haru ningali putra-putrina mintonkeun bakat jeung kamampuhna di hareupeun para tamu anu hadir.
Ngaliwatan kagiatan ieu, katempo jelas kumaha kuatna sinergi antara pihak sakola jeung kolot murid dina ngarojong kamajuan atikan, ngamekarkeun bakat siswa, sarta ngawangun karakter generasi penerus bangsa.
Dipiharep sumanget kabersamaan, gotong royong, jeung rasa kakeluargaan anu geus kabangun dina kagiatan ieu tiasa terus dijaga pikeun ngamajukeun SDN 1 Citalang sangkan leuwih hadé dina mangsa nu bakal datang.***
(Redaksi Warta Sunda Online)
0 Response to "Pentas Seni, Kenaikan Kelas Siswa Kelas I–V jeung Pelepasan Siswa Kelas VI SDN 1 Citalang Diprakarsai ku Hj. Sity Khodizah"
Posting Komentar