WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Komite jeung Pihak Sakola SDN 1 Karoya Nguatkeun Kapercayaan Masyarakat, Siap Méré Palayanan Atikan Nu Panghadéna

Komite jeung Pihak Sakola SDN 1 Karoya Nguatkeun Kapercayaan Masyarakat, Siap Méré Palayanan Atikan Nu Panghadéna PURWAKARTA – W...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

SDN Cadasmekar Gelar Pentas Seni, Kenaikan Kelas Siswa Kelas I - V, Jadi Hiburan jeung Pangharepan Warga Sakola

SDN Cadasmekar Gelar Pentas Seni, Kenaikan Kelas Siswa Kelas I - V, Jadi Hiburan jeung Pangharepan Warga Sakola


PURWAKARTA – Warta Sunda Online,- Suasana haru jeung kabagjaan karasa di lingkungan SDN Cadasmekar Tegalwaru nalika sakola ngalaksanakeun acara pelepasan siswa Kelas VI sarta kenaikan kelas pikeun siswa Kelas I nepi ka Kelas V. Kagiatan anu dilaksanakeun kalayan sederhana tapi meriah ieu jadi hiburan husus pikeun warga sakola jeung masarakat sabudeureun.
Plt. Kapala SDN Cadasmekar, Agus Sutisna, S.Ag., M.Pd., nyebutkeun ka Warta Sunda Online yén kagiatan samenan atawa acara kenaikan kelas jeung perpisahan geus jadi bagian tina tradisi anu salawasna dipikaresep ku warga sakola. Malah, loba kolot murid anu ngantosan momen ieu unggal taun minangka bentuk apresiasi kana hasil diajar putra-putrina.

"Histori samenan jadi pangharepan keur warga sakola. Kagiatan ieu lain ukur acara seremonial, tapi ogé jadi ajang silaturahmi antara sakola, murid, kolot, jeung masarakat," saur anjeunna.
Dina taun ajaran ieu, SDN Cadasmekar miboga jumlah siswa saloba 241 urang. Samentara éta, siswa Kelas VI anu dileupaskeun ka jenjang pendidikan salajengna jumlahna 32 urang, sedengkeun peserta didik anyar anu bakal asup ka Kelas I taun ajaran anyar ngahontal 58 urang.

Numutkeun Agus Sutisna, sanajan anjeunna kakara sakitar dalapan bulan ngajabat salaku kapala sakola, pihakna terus boga sumanget pikeun ngalakukeun pembenahan jeung ngaronjatkeun kualitas pendidikan di SDN Cadasmekar.

"Kami ayeuna keur bergairah deui pikeun nataan sakola sangkan leuwih maju, leuwih berkembang, sarta jadi lembaga pendidikan anu dipercaya ku masarakat. Dukungan ti guru, kolot murid, jeung warga sabudeureun jadi modal utama pikeun ngahontal éta tujuan," pokna.
Acara pelepasan jeung kenaikan kelas ieu dieusi ku rupa-rupa pintonan kreatif siswa anu ngundang antusiasme para hadirin. Sajaba ti jadi hiburan, kagiatan ieu ogé jadi momen pikeun méré motivasi ka para siswa sangkan terus sumanget dina ngudag cita-citana.

Ku ayana kagiatan ieu, SDN Cadasmekar ngaharepkeun bisa terus ngawangun hubungan anu harmonis antara sakola jeung masarakat, bari ngaronjatkeun kualitas pendidikan demi nyetak generasi anu cerdas, berkarakter, jeung boga daya saing di mangsa nu bakal datang.***

(Warta Sunda Online)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SDN Cadasmekar Gelar Pentas Seni, Kenaikan Kelas Siswa Kelas I - V, Jadi Hiburan jeung Pangharepan Warga Sakola"

Posting Komentar