Rapat Téknis ICF Pangandaran Mantapkeun Persiapan Kajurnas Balap Sapédah 2026
Rapat Téknis ICF Pangandaran Mantapkeun Persiapan Kajurnas Balap Sapédah 2026
Pangandaran – Warta Sunda Online,-
Pamaréntah Kabupaten Pangandaran babarengan jeung Indonesian Cycling Federation (ICF) Kabupaten Pangandaran ngayakeun rapat téknis pikeun nyiapkeun palaksanaan Kajawaraan Nasional (Kajurnas) Balap Sapédah 2026 di Pendopo Bupati Pangandaran. Saptu, 6/6/2026. Ieu rapat jadi bagian penting dina ngamaksimalkeun sagala rupa persiapan pikeun ajang balap sapédah tingkat nasional anu bakal dilaksanakeun di Pangandaran.
Dina éta pasamoan, dibahas rupa-rupa hal nu patali jeung kasadiaan Pangandaran salaku tuan rumah, mimitian ti panetepan jalur lomba, kesiapan sarana jeung prasarana, kaamanan para pamilon, nepi ka rojongan pikeun séktor pariwisata jeung perekonomian masarakat. Pangandaran deui meunang kapercayaan pikeun jadi tempat palaksanaan Kajurnas Balap Sapédah 2026, anu bakal ngalombakeun kategori Road Race jeung Mountain Bike (MTB).
Bupati Pangandaran Hj. Citra Pitriyami, S.H, pihak Pamaréntah Kabupaten Pangandaran nétélakeun komitménna pikeun ngarojong sapinuhna palaksanaan kajawaraan ieu. Salian ti jadi ajang olahraga préstasi, Kajurnas ogé dipiharep bisa ngadorong tumuwuhna sport tourism, ningkatkeun jumlah wisatawan anu datang ka Pangandaran, sarta ngenalkeun rupa-rupa poténsi daérah ka masarakat anu leuwih lega.
Kajurnas Balap Sapédah 2026 direncanakeun lumangsung dina bulan Juni nepi ka Juli 2026 sarta bakal diiluan ku atlit-atlit panghadéna ti rupa-rupa provinsi di Indonésia. Kalayan persiapan anu asak jeung sinergi antara pamaréntah daérah, ICF, sarta sakumna pihak nu patali, Pangandaran optimistis bisa ngayakeun kajawaraan kalayan suksés sarta méré dampak positif pikeun kamajuan olahraga balap sapédah nasional.***
#BupatiPangandaran #PangandaranMelesat #PemkabPangandaran #Pangandaran #ICF #KajurnasBalapSapédah2026 #SportTourism #BalapSapédahIndonesia
0 Response to "Rapat Téknis ICF Pangandaran Mantapkeun Persiapan Kajurnas Balap Sapédah 2026"
Posting Komentar