WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Ngawanohkeunn Wiwi Melyani, Murid SMPN 1 Maniis Raih Juara 3 Nasional Lomba Video Kreator

Ngawanohkeunn Wiwi Melyani, Murid SMPN 1 Maniis Raih Juara 3 Nasional Lomba Video Kreator Purwakarta – Warta Sunda Online,- Pres...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Ngawanohkeunn Wiwi Melyani, Murid SMPN 1 Maniis Raih Juara 3 Nasional Lomba Video Kreator

Ngawanohkeunn Wiwi Melyani, Murid SMPN 1 Maniis Raih Juara 3 Nasional Lomba Video Kreator

Purwakarta – Warta Sunda Online,-Prestasi anu matak reueus deui kahontal ku salah saurang murid SMP Negeri 1 Maniis, Kabupaten Purwakarta. Wiwi Melyani, murid kelahiran Purwakarta, 8 Méi 2010, hasil ngarebut Juara 3 Tingkat Nasional dina Lomba Video Kreator, prestasi anu jadi kareueus sakola, kulawarga, jeung masarakat Purwakarta.
Nalika diwawancara ku Warta Sunda Online Salasa, 2/6/2026 di sakolana, Wiwi ngaku ngarasa bagja jeung teu nyangka bisa meunang pangajén dina tingkat nasional.

"Bahagia pisan, teu nyangka tiasa diumumkeun ku pihak Disdik janten juara. Tangtos seneng pisan nalika ngadangu hasilna," ceuk Wiwi.

Murid SMP Negeri 1 Maniis, Kabupaten Purwakarta Wiwi Melyani.*

Minat Wiwi kana dunya video kreator mimiti tumuwuh nalika aktip dina organisasi sakola. Ti saprak kelas 7 anjeunna geus asup OSIS, teras nalika kelas 8 miluan ekstrakurikuler Broadcast sarta ngatur média sosial OSIS sakola.

Dina lomba éta, Wiwi ngangkat tema ngeunaan motivasi jeung bakat diri sorangan. Prosés nyieun video henteu gampang. Anjeunna nyéépkeun waktu sapoé pinuh ti isuk nepi ka soré pikeun ngédit video sangkan hasilna maksimal.
Tantangan panggedéna anu karandapan nyaéta dina prosés speaking jeung nyusun narasi.

Wiwi Melyani Poto bareng Guru pembimbing, Ratna Riasa, S.Kom.*

"Ngomongna sok balelol, jadi kudu sababaraha kali ngulang. Kuring diajar speaking supaya leuwih percaya diri," saur Wiwi.

Anjeunna ogé nyebutkeun yén kurangna kamampuhan dina widang akademik jadi motivasi pikeun ngamekarkeun bakat séjén, hususna dina widang komunikasi jeung kreativitas digital.

Aktif Jeung Diajar Sacara Mandiri
Guru pembimbing, Ratna Riasa, S.Kom, ngajelaskeun yén Memei nenehna ngadaptar lomba sacara mandiri sanggeus meunang informasi ti rerencangan di luar sakola.

Numutkeun anjeunna, Wiwi miboga kamampuhan anu menonjol dina widang non-akademik, hususna dina ngédit video jeung ngamangpaatkeun téknologi digital.

"Ti awal ogé anjeunna geus bisa sacara otodidak. Kuring ngan ukur ngarahkeun jeung masihan bahan video pikeun dipaluruh. Wiwi diajar sorangan, kaasup tina tutorial di YouTube," jelas Ratna.

Salian aktif dina Broadcast, Wiwi ogé ilubiung dina OSIS, kagiatan kepramukaan, sarta kungsi aktip dina kagiatan seni tari. Rupa-rupa pangalaman éta dianggap ngabantu ningkatkeun jam terbang jeung kapercayaan dirina.

Ratna nambahan yén kaunggulan Wiwi aya dina sumanget diajar, antusiasme, jeung henteu kungsi nolak lamun dipasihan tugas.

"Anjeunna mah aktif pisan dina ngédit video. Biasana ngagunakeun aplikasi CapCut jeung Canva. Lamun aya tugas ngédit ti OSIS atawa sakola, sok dilaksanakeun kalayan hadé," pokna.

Pikeun persiapan lomba, Wiwi leuwih loba diajar sacara mandiri. Sanajan dina prosés nyusun narasi pikeun lomba merlukeun waktu anu leuwih lila tibatan ngédit video biasa, anjeunna sanggup ngaréngsékeun éta kalayan alus.

Guru pembimbing ogé miharep sangkan bakat Wiwi terus dimekarkeun nalika nuluykeun atikan ka tingkat SMA.

"Mugia bakatna terus mekar jeung ulah nepi ka eureun. Aktif di SMA, boh dina organisasi boh dina widang kreatif, sangkan prestasina leuwih optimal deui," saur Ratna.

Kulawarga Reueus Kana Prestasi Wiwi
Di sisi séjén, indung Wiwi, Titin Kartini, anu sapopoéna damel salaku penjahit, ngaku ngarasa bangga jeung reueus nalika terang putrina meunang Juara 3 Nasional.

"Tangtos ngiring bingah sareng reueus. Teu nyangka pisan," ceuk anjeunna.

Kulawarga ogé nyaritakeun yén ti baheula maranéhna henteu nyangka yén kabiasaan Wiwi ngagunakeun telepon sélulér bakal ngahasilkeun prestasi anu positif.

Malah, aya mangsa nalika indungna sok ngingetan Wiwi lantaran dianggap sering maén hapé. Tapi sanggeus dipikanyaho, tétéla Wiwi keur diajar ngédit video jeung nyiapkeun karya kreatif.

Lanceukna, Sidik Nurdiansyah, ogé kungsi ngayakinkeun kulawarga yén Wiwi miboga aktivitas anu positif dina telepon sélulérna.

"Mungkin Memei gaduh hal anu keur diajar. Tétéla memang keur ngédit video sarta ngamekarkeun kamampuhna," saur kulawarga.

Pikeun ka hareup, kulawarga miharep Wiwi tiasa terus suksés dina pendidikan sarta ngahontal cita-citana.

"Mugia tiasa neruskeun kuliah, ngahontal kasuksésan, sarta boga masa depan anu cerah," pungkas mamahna.

Prestasi anu dihontal ku Wiwi Melyani jadi bukti yén bakat jeung kreativitas digital lamun dimekarkeun kalayan serius tiasa mawa hasil anu luar biasa. Ieu ogé janten inspirasi pikeun murid-murid séjén sangkan terus ngamekarkeun poténsi diri dina widang anu dipikaresepna.***


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Ngawanohkeunn Wiwi Melyani, Murid SMPN 1 Maniis Raih Juara 3 Nasional Lomba Video Kreator"

Posting Komentar