SMKN 1 Maniis Nguatkeun Program Digitalisasi Pangajaran, Penghijauan, Ketarunaan, Panca Waluya sarta 7 Kebiasaan Anak Indonesia Hebat
SMKN 1 Maniis Nguatkeun Program Digitalisasi Pangajaran, Penghijauan, Ketarunaan, Panca Waluya sarta 7 Kebiasaan Anak Indonesia Hebat
PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-
SMKN 1 Maniis terus ngalaksanakeun rupa-rupa inovasi pikeun ngaronjatkeun kualitas atikan. Dina taun ajaran anyar, sakola bakal leuwih nguatkeun sistem pangajaran berbasis digital, ngaronjatkeun lingkungan sakola anu asri, sarta nguatkeun pembinaan karakter jeung katarunaan siswa.
Kapala SMKN 1 Maniis Tatang Suherman, M.Ag, ka Warta Sunda Online dirohangan gawena Salasa, 2/6/2026, nyebutkeun yén arah pangajaran ayeuna saluyu jeung kabijakan anyar Kamenterian Pendidikan anu ngadorong pemanfaatan téknologi dina prosés diajar-ngajar. Pihak sakola geus nyiapkeun penguatan jaringan internét jeung nyukupan kabutuhan LCD proyektor di unggal kelas.
"Guru diwajibkeun nyiapkeun bahan ajar digital, sahenteuna ngagunakeun media presentasi saperti PowerPoint. Alhamdulillah guru-guru di dieu geus profesional jeung siap ngalaksanakeun éta program," pokna.
Ayeuna SMKN 1 Maniis miboga 14 rombongan diajar anu diwangun ku kelas X jeung XI. Sanajan can sakabéh guru meunang fasilitas laptop inventaris, sakola terus nyorong sangkan unggal guru miboga alat pendukung pangajaran digital.
Salian digitalisasi, sakola ogé keur fokus kana program panghijauan jeung panataan lingkungan. Rupa-rupa usaha dilakukeun, di antarana miara taman, melak tatangkalan jeung kembang, nepi ka ngarencanakeun perbaikan sarta pengecatan gedong sakola.
Pihak sakola ogé terus ngaronjatkeun kaamanan lingkungan ku panataan pagar sakola. Ieu penting pikeun ngajaga fasilitas pangajaran anu beuki lengkep sarta nyiptakeun suasana diajar anu aman jeung nyaman pikeun siswa.
Dina widang pembinaan karakter, SMKN 1 Maniis ngalarapkeun program katarunaan anu dipadukeun jeung nilai-nilai Panca Waluya sarta Tujuh Kabiasaan Anak Indonesia Hebat. Program éta diwujudkeun ngaliwatan rupa-rupa kagiatan pembiasaan sapopoé.
Unggal isuk, siswa dibiasakeun hadir leuwih awal pikeun ngiringan apel, olahraga gumbira, shalat dhuha, nepi ka program sambut siswa anu ngalibetkeun guru jeung murid. Sedengkeun dina waktu dzuhur, siswa lalaki dibiasakeun ngalaksanakeun shalat berjamaah di masjid caket sakola.
Kapala sakola ngajelaskeun yén sakabéh kagiatan éta mangrupa bagian tina prosés diajar. Numutkeun anjeunna, atikan henteu ngan ukur lumangsung di jero kelas, tapi ogé ngaliwatan kabiasaan positif dina kahirupan sapopoé.
Samentara éta, kagiatan Ekspresi anu rutin dilaksanakeun unggal taun ogé jadi sarana pikeun ngenalkeun SMKN 1 Maniis ka calon siswa SMP jeung MTs. Dina éta kagiatan, sakola nampilkeun rupa-rupa prestasi jeung kompetisi saperti futsal, voli, tarik sora, sarta téknik kepramukaan.
"Tujuan utama Ekspresi nyaéta pikeun ngenalkeun kaunggulan SMKN 1 Maniis ka masarakat, utamana ka calon siswa anyar," saur anjeunna.
Dina widang ekstrakurikuler, sakola terus ngadukung kagiatan siswa ku ngagandeng pelatih profesional ti luar sakola. Palatih anu boga kompetensi husus dina widang olahraga, seni, atawa kagiatan séjénna bisa dibiayaan ngaliwatan Dana BOS saluyu jeung aturan anu berlaku.
Kalayan rupa-rupa program éta, SMKN 1 Maniis optimistis bisa nyiptakeun lingkungan atikan anu modern, aman, sarta sanggup ngabentuk generasi ngora anu miboga karakter hadé, disiplin, sarta siap nyanghareupan tantangan jaman digital.***
0 Response to "SMKN 1 Maniis Nguatkeun Program Digitalisasi Pangajaran, Penghijauan, Ketarunaan, Panca Waluya sarta 7 Kebiasaan Anak Indonesia Hebat"
Posting Komentar