KETUA DPD PANI PURWAKARTA: DEKLARASI KUDU JADI AWAL PERJUANGAN NYATA NALANGTARAN BAHAYA NARKOBA
KETUA DPD PANI PURWAKARTA: DEKLARASI KUDU JADI AWAL PERJUANGAN NYATA NALANGTARAN BAHAYA NARKOBA
PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-Ketua Dewan Pimpinan Daerah (DPD) Penggiat Anti Narkoba Indonesia (PANI) Kabupaten Purwakarta, Neneng Fauziah negeskeun yén deklarasi organisasi anu baris dilaksanakeun dina 28 Juni 2026 kudu jadi léngkah awal perjuangan nyata dina nyalametkeun generasi ngora tina bahaya narkoba, lain ngan saukur acara seremonial. Lumangsung di Cafe Sawarna Copaisan - Purwakarta, 6/6/2026.
Dina sambutanana ngajelang deklarasi DPD PANI Purwakarta, anjeunna ngahaturkeun nuhun ka sakumna pihak anu parantos masihan kapercayaan pikeun mingpin organisasi éta.
Numutkeun anjeunna, amanah anu dipasrahkeun kudu dijalankeun kalayan tanggung jawab sangkan PANI Purwakarta bisa jadi organisasi anu leuwih hadé, leuwih maju, sarta ayana bisa méré mangpaat anu nyata pikeun masarakat.
"Kami miharep sakumna pangurus jeung anggota miboga hiji tekad, hiji tujuan, jeung hiji sumanget dina ngawangun organisasi. PANI lain tempat néangan kauntungan pribadi, tapi wadah pangabdian pikeun masarakat," pokna.
Lain halna ceuk Ketua Panitia Deklarasi, Asep Undang Juana, saur anjeunna ogé ngungkabkeun prihatin kana kaayaan kenakalan rumaja jeung panyalahgunaan narkoba anu masih kénéh kajadian di Purwakarta. Malah, aya kasus dimana budak umur sakola geus kapangaruhan ku narkoba.
"Kondisi ieu tangtu jadi kahariwang urang saréréa. Ku kituna, PANI kudu hadir jadi bagian tina solusi dina usaha nyalametkeun generasi ngora tina bahaya narkoba," saurna.
Patali jeung deklarasi anu baris dilaksanakeun tanggal 28 Juni 2026, anjeunna nyatakeun siap ngarojong jeung ngabantu kasuksésan éta kagiatan saluyu jeung kamampuh anu dipiboga.
Anjeunna miharep deklarasi éta bisa jadi acara anu gedé, ngirut perhatian masarakat, sarta ngagedurkeun sumanget gerakan anti narkoba di sakuliah wewengkon Purwakarta.
Salian ti éta, anjeunna ngajelaskeun yén PANI mangrupakeun organisasi sosial anu teu miboga sumber waragad anu tetep. Ku sabab kitu, diperlukeun gawé bareng jeung rojongan ti rupa-rupa pihak, boh ti pangusaha, komunitas, tokoh masarakat, boh lembaga séjén anu miboga perhatian kana usaha pencegahan narkoba.
Numutkeun anjeunna, sabagus naon waé hiji organisasi, lamun teu dipikawanoh ku masarakat, mangpaatna moal karasa sacara lega.
"Ibarat inten anu kacida berhargana, lamun henteu dipintonkeun jeung dipikawanoh ku balaréa, nilaina moal kaciri. Ku kituna urang kudu miboga daya tarik atawa magnet pikeun ngawanohkeun organisasi jeung program-program anu dijalankeun," pokna.
Pikeun ngahontal éta tujuan, anjeunna ngajak sakumna pangurus sangkan aktip ngawangun kolaborasi jeung komunitas, seniman, kelompok nonoman, tokoh masarakat, sarta ngamangpaatkeun média sosial minangka sarana kampanye anti narkoba.
Dina ahir sambutanana, anjeunna ngingetan yén deklarasi lain tungtung tina perjuangan, tapi kudu jadi awal pikeun ngalaksanakeun program-program nyata anu méré mangpaat ka masarakat.
"Ulah nepi ka acara deklarasi ukur ramé dina pelaksanaanna hungkul, tapi sanggeusna organisasi jadi teu aktip. Deklarasi kudu jadi titik mimiti perjuangan urang pikeun terus ngaraksa generasi bangsa tina bahaya narkoba," tegesna.
Anjeunna ogé ngajak sakumna pangurus jeung anggota pikeun terus ngajaga kabersamaan, silih rojong, silih lengkepan, sarta ngagedékeun organisasi kalayan sumanget pangabdian jeung rasa tanggung jawab.
"Hayu urang babarengan ngawangun PANI Kabupaten Purwakarta jadi organisasi anu kuat, aktip, sarta salawasna hadir méré mangpaat pikeun masarakat demi masa depan generasi anu leuwih hadé," pungkasna.***
0 Response to "KETUA DPD PANI PURWAKARTA: DEKLARASI KUDU JADI AWAL PERJUANGAN NYATA NALANGTARAN BAHAYA NARKOBA"
Posting Komentar