WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Viral Usai Salat Zuhur di Mushola, Kakek Diduga Ambil Ponsel Jamaah Malah Kebingungan Saat Mencoba Mengoperasikannya

Viral Usai Salat Zuhur di Mushola, Kakek Diduga Ambil Ponsel Jamaah Malah Kebingungan Saat Mencoba Mengoperasikannya Sebuah keja...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

TIMNAS INDONESIA NGÉLÉHKEUN OMAN 3-0


TIMNAS INDONESIA NGÉLÉHKEUN OMAN 3-0

Jakarta – Warta Sunda Online,-
Timnas Indonesia meunang sanggeus ngéléhkeun Oman kalawan skor 3-0 dina laga FIFA Matchday di Stadion Utama Gelora Bung Karno (SUGBK), Juma'ah (5/6/2026) peuting WIB.

Pertandingan ieu jadi bagian tina persiapan skuad Garuda saméméh nyanghareupan Mozambik dina laga salajengna (9/6/2026). 

Peringkat FIFA Indonesia aya di posisi ka-122 sa-dunya, sedengkeun Oman di urutan ka-79, anak asuh John Herdman sanggup nembongkeun permainan anu dominan ti mimiti nepi ka ahir pertandingan.

Indonesia muka kasempetan emas dina menit ka-7 ngaliwatan sundulan Nathan Tjoe-A-On sanggeus narima umpan ti Rizky Ridho. Tapi, bola hasil sundulan éta hasil dihalau ku bek Oman di garis gawang.

Gol kahiji ahirna lahir dina menit ka-13. Tendangan bébas Nathan Tjoe-A-On hasil dimanfaatkeun ku Justin Hubner anu meunang duel udara sarta nyundul bola ka jero gawang Oman pikeun mawa Indonesia unggul 1-0.

Kaunggulan Indonesia nambahan deui dina menit ka-27. Penyerang Ole Romeny hasil nyitak gol kadua sanggeus ngalakukeun contekan akurat anu teu bisa ditepis ku kiper Oman, Ahmed Faraj.

Oman sabenerna boga kasempetan pikeun ngurangan katinggaleun sanggeus meunang hadiah pinalti. Nanging, kiper Emil Audero tampil gemilang ku hasil ngagagalkan eksekusi Hatem Sultan. Skor 2-0 pikeun Indonesia bertahan nepi ka turun nginum.

Asup babak kadua, Indonesia tetep ngendalikeun jalanna pertandingan. Dina menit ka-55, Ragnar Oratmangoen hasil nyitak gol katilu sanggeus ngamangpaatkeun kamelut di hareupeun gawang Oman hasil umpan silang Dony Tri Pamungkas.

Kulituna sésana pertandingan lumangsung dina tempo anu cukup sengit. Oman sababaraha kali nyoba nyieun ancaman, tapi pertahanan Indonesia anu dikomando ku Elkan Baggott sanggup ngarempug unggal serangan.

Momen anu jadi sorotan dina ahir pertandingan nyaéta debutna Mathew Baker. Pamain ngora éta diasupkeun ku John Herdman dina menit ka-79 pikeun ngagantikeun Rizky Ridho.

Nepi ka peluit panjang dibunyikeun, skor 3-0 pikeun Indonesia teu robah. Hasil ieu jadi modal penting pikeun skuad Garuda saméméh nyanghareupan Mozambik dina laga FIFA Matchday salajengna.

Kameunangan ieu nunjukkeun yén Timnas Indonesia keur dina tren positif sarta siap nyanghareupan tantangan internasional anu bakal datang.

Susunan Pemain Timnas Indonesia Vs Oman  
Timnas Indonesia: 1-Emil Audero (PG); 20-Elkan Baggott, 23-Justin Hubner, 5-Rizky Ridho (K), 2-Kevin Diks, 22-Nathan Tjoe-A-On, 18-Ivar Jenner, 14-Joey Pelupessy, 7-Beckham Putra, 10-Ole Romeny, 11-Ragnar Oratmangoen.  

Pelatih: John Herdman  

Tim Oman: 22-Ahmed Faraj (PG); 6-Ahmed Mohammed, 13-Amjad Abdullah, 5-Musab Mahfoodh, 21-Yousuf Nashr, 12-Abdullah Fawaz, 23-Harib Jamil (K), 19-Hatem Sultan, 11-Muhsen Saleh, 17-Nasser Sultan, 8-Zahir Sulaiman.  

Pelatih: Tarek Sektioui

***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "TIMNAS INDONESIA NGÉLÉHKEUN OMAN 3-0"

Posting Komentar