SDN 5 Cisereuh Purwakarta Narekahan Green School, Lingkungan Asri jeung Gotong Royong Jadi Kakuatan Utama
SDN 5 Cisereuh Purwakarta Narekahan Green School, Lingkungan Asri jeung Gotong Royong Jadi Kakuatan Utama
PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-
SDN 5 Cisereuh Purwakarta miboga tekad kuat pikeun jadi Green School atawa Sakola Héjo. Lingkungan sakola anu masih asri, dipapaésan ku loba tatangkalan jangkung, jadi salah sahiji kakuatan utama dina nyiptakeun suasana diajar anu tiis, nyaman, jeung séhat pikeun para siswa.
Hal éta ditepikeun ku Kapala SDN 5 Cisereuh, Eno Rosanah, ka Warta Sunda Online, Salasa (19/5/2026). Numutkeun anjeunna, kaayaan alam di sabudeureun sakola jadi modal penting dina ngawangun karakter murid anu cinta kana lingkungan.
“Di dieu masih loba tatangkalan jangkung, jadi hawana karasa seger jeung nyaman keur barudak diajar. Ieu nu hayang terus dijaga supaya sakola bisa jadi Green School,” pokna.
Sanajan lokasi sakola perenahna deukeut rel karéta api, prosés Kegiatan Belajar Mengajar (KBM) tetep lumangsung kalayan lancar. Guru jeung siswa geus biasa ngadéngé sora karéta anu ngalintas unggal poé. Biasana, nalika karéta ngaliwat, kagiatan diajar eureun sakeudeung tuluy diteruskeun deui sanggeus sora karéta reda.
SDN 5 Cisereuh anu aya di Jalan Ipik Gandamanah RT 07/10, Kelurahan Ciseureuh, Kecamatan Purwakarta, miboga legana taneuh kurang leuwih 3.600 meter pasagi. Sakola negeri kalawan NPSN 20217425 ieu boga status akreditasi B sarta aya dina pangawasan Kementerian Pendidikan Dasar dan Menengah.
Dina usaha ngawujudkeun konsep Sakola Héjo, pihak sakola masih nyanghareupan sababaraha tangtangan. Salah sahijina nyaéta perluna ningkatkeun kasadaran sabagian kolot murid dina ngajaga kabersihan lingkungan sakola. Sajaba ti éta, can ayana pager permanén ngajadikeun lingkungan sakola masih kabuka pikeun aktivitas ti luar.
“Kasadaran kolot murid masih kudu terus disosialisasikeun. Aya ogé warga nu pagawéanana mulung, jadi masalah kabersihan kudu jadi perhatian babarengan,” saur Eno Rosanah anu akrab disapa Ibu Oca.
Sanajan kitu, semangat pikeun ngajaga lingkungan sakola tetep luhur. Pihak sakola rutin ngalaksanakeun program beberesih “Ngosrek” anu digulirkeun ku Om Zein. Guru jeung siswa remen gotong royong ngabersihan lingkungan sakola minangka bagian tina pendidikan karakter, disiplin, jeung miara alam sabudeureun.
Kasumangetan para pendidik jeung tenaga kependidikan ogé kacida karasana dina ngaronjatkeun rupa-rupa kagiatan murangkalih pikeun ngabentuk karakter siswa. Éta diwujudkeun ngaliwatan palaksanaan program “7 Pembiasaan Anak Indonesia Hebat” anu diterapkeun dina kahirupan sapopoé di sakola. Salian ti éta, SDN 5 Cisereuh ogé terus ngamumule budaya Sunda dina unggal kagiatan KBM, boh dina komunikasi sapopoé, seni budaya, boh dina ngawangun tatakrama jeung karakter murid anu nyunda.
Ayeuna jumlah siswa di SDN 5 Cisereuh ngahontal 215 urang kalayan dalapan rombongan belajar (rombel). Ti taun 2023, jumlah murid terus ningkat dina pelaksanaan Sistem Penerimaan Murid Baru (SPMB), nunjukkeun ayana kapercayaan masarakat anu terus tumuwuh ka sakola éta.
Sakola ogé méré perhatian husus kana pendidikan inklusif. Ayeuna aya 13 siswa inklusif anu meunang pelayanan pendidikan sarua jeung siswa séjénna. Sajaba ti éta, sakitar 25 siswa tina kulawarga kurang mampuh ogé terus dibina sangkan tetep bisa sakola kalayan nyaman.
Sedengkeun jumlah tenaga pendidik jeung kependidikan aya 13 urang, di antarana genep guru PNS, opat guru paruh waktu, sarta tilu GTT kaasup operator sakola.
Rojongan ti masarakat jeung kolot murid ogé kacida karasana. Ketua Komite sakola, Wendi, babarengan jeung kolot murid séjén, sempet gotong royong ngawangun panggung permanén pikeun ngarojong rupa-rupa kagiatan sakola.
Kalayan semangat kabersamaan, SDN 5 Cisereuh ngaharepkeun sakumna stakeholder, utamana kolot murid jeung lingkungan sabudeureun, bisa terus babarengan ngajaga kabersihan sarta kelestarian alam. Ku kituna, cita-cita ngajadikeun SDN 5 Cisereuh minangka sakola héjo anu nyaman, séhat, ramah, jeung ngabahagiakeun pikeun barudak bisa ngawujud.***
1 Response to "SDN 5 Cisereuh Purwakarta Narekahan Green School, Lingkungan Asri jeung Gotong Royong Jadi Kakuatan Utama"
🙏👍👍👍
Posting Komentar