WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Mieling Sang Kalangider (Mieling Lahirna Kalénder Sunda)

Waktu ngalir, sajarah kaliwat. Tapi kumaha lamun aya tapak waktu nu teu kungsi leungit sagemblengna, ngan ukur katimbun ku laju ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Mieling Sang Kalangider (Mieling Lahirna Kalénder Sunda)

Waktu ngalir, sajarah kaliwat. Tapi kumaha lamun aya tapak waktu nu teu kungsi leungit sagemblengna, ngan ukur katimbun ku laju jaman? Ieu carita ngeunaan saurang pangjaga waktu “Sang Kalangider”, nu sabar mupus lebu dina kaca sajarah, sangkan urang bisa ningali deui cerminan diri urang di jerona.

Bandung – Warta Sunda Online,-
Abah Ali Sastramidjaja mangrupakeun tokoh Sunda nu nyiptakeun karya agung dina widang pananggalan waktu, nyaéta Kala Sunda. Anjeunna lahir tanggal 27 Oktober 1935 Masehi sarta pupus tanggal 25 September 2009 Masehi. Salila 74 taun hirupna, anjeunna narima takdir ti Nu Maha Kawasa, sarta dina sésa umurna ngalahirkeun hiji karya penting: élmu ngeunaan waktu anu patali jeung kahirupan jagat raya, nyaéta Kala Sunda.

Ti taun 1950-an, Abah Ali geus ngawulangkeun ngeunaan pananggalan Sunda. Sanajan kitu, élmu ieu teu pati meunang perhatian. Anjeunna tetep émut yén dina Kala Sunda aya tilu dasar utama, nyaéta Kala Surya (dumasar panonpoé), Kala Candra (dumasar bulan), jeung Kala Sukra (dumasar béntang).

Dina kahirupan sapopoé, urang mindeng ngan ukur maké kalénder minangka patokan waktu pikeun ngamimitian hiji kagiatan. Padahal, loba turunan Sunda nu teu apal kana élmu pananggalan Sunda. Sabenerna, Kala Sunda téh bagian tina budaya karuhun Sunda nu miboga ajén luhur, hasil tina cipta, rasa, jeung karsa anu nunjukkeun yén élmu astronomi karuhun geus kacida majuna.

Ku rasa nyaah kana kearifan lokal Sunda, Abah Ali teras nyusun deui Kala Sunda supaya bisa dipikawanoh jeung jadi warisan budaya. Anjeunna miharep, Kala Sunda bisa jadi pituduh hirup manusa dina ngalakonan kahirupan nu salaras jeung alam semesta.

Dina sajarahna, pananggalan Sunda kungsi diganti ku Kala Mataram (Kala Jawa Islam) nalika Mataram ngawasaan Tatar Sunda, bareng jeung digunakeunana Kalénder Hijriah. Tuluy dina mangsa penjajahan Walanda, dipaké Kalénder Masehi, nepi ka ayeuna ogé masih dipaké. Hartina, urang ayeuna masih ngagunakeun sistem waktu warisan bangsa séjén.

Hal ieu nimbulkeun patalékan: naha sistem waktu nu urang pake ayeuna geus saluyu jeung kahirupan urang salaku urang Sunda? Naha budaya Sunda geus kaleungitan peranna dina kahirupan sapopoé?
Leungitna Kalénder Sunda téh alatan kurangna nu ngalestarikeun, sanajan sabenerna tapak jeung serpihan sajarahna masih aya, nu disebut “tutungkusannana pananggalan Sunda”, ngan ukur katimbun ku robahna jaman jeung leungitna kasadaran generasi Sunda.

Sacara filosofis, Kalénder Sunda téh mangrupakeun sistem élmu ékologis nu dumasar kana kasadaran kosmis jeung siklus alam. Waktu henteu saukur ukuran kronologis, tapi mangrupa hubungan antara manusa, alam, jeung kakuatan adikodrati.

Kalénder Sunda ogé dumasar kana prinsip Tri Tangtu di Buana, nyaéta kasaluyuan antara dunya luhur, dunya tengah, jeung dunya handap. Dina naskah kuna disebutkeun yén raja Sunda nu idéal nyaéta nu “ngaraksa waktu, taneuh, jeung rahayatna”.

Dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Keresian (1518 M), disebutkeun:
Waktu nu leres, jaga waktu, ulah salah nalika tanam, nalika tapa, nalika nyeupeng rasa.”

Dina taun 1990, Kala Sunda “ngagorehel deui” (muncul deui), sarta geus meunang hak cipta resmi No. 005100 ti Departemen Kehakiman RI. Ieu jadi bukti yén budaya Sunda téh miboga ajén luhur nu kudu dijaga jeung dipikareueus.

Kalénder Sunda miboga slogan: “Ngindung ka Waktu, Ngawula ka Zaman”, nu ngandung harti minangka pangéling yén geus waktuna urang Sunda balik deui kana ajén budaya sorangan sarta ngamalkeunana dina kahirupan sapopoé.

Dina jaman nu terus robah, Kalénder Sunda bisa jadi pituduh pikeun ngahudangkeun deui kasadaran budaya Sunda, supaya bisa hirup saluyu jeung alam, boh lahir boh batin.

Kala Sunda minangka sistem pananggalan tradisional kudu dilestarikeun. Dina taun 2025 Masehi (1962 Caka Sunda), disebutkeun yén dunya bakal ngalaman parobahan gedé, kalayan makna yén manusa kudu balik kana jati diri: “Munjung ka Indung, Muja ka Bapak.”
Kalénder Sunda ngingetkeun yén kahirupan di bumi teu bisa dipisahkeun tina gerak alam semesta, saperti panonpoé, bulan, jeung béntang.

Dina momen Mieling Sang Kalangider, tanggal 27 Oktober 2025, urang nginget jasa Abah Ali Sastramidjaja anu geus ngahirupkeun deui Kala Sunda. Mugia almarhum dipaparin tempat nu mulya di sisi Nu Maha Kawasa. Amin.


Penulis: Ambu Rita Laraswati - 
(Budayawati, Spiritualis, Pelukis)
Yayasan Sunda Tigabelas Buhun

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Mieling Sang Kalangider (Mieling Lahirna Kalénder Sunda)"

Posting Komentar