SMPN 4 Sukatani Optimis Maju jeung Kapala Sakola Anyar
SMPN 4 Sukatani Optimis Maju jeung Kapala Sakola Anyar
PURWAKARTA – Grup Warta Sunda,-
Kagiatan ekstrakurikuler seni Tari Bendul ti kelas 8 jeung 9 (Ditas, Giska, Fani Nur Fadilah, jeung Zalda) dipintonkeun husus pikeun mapag kapala sakola anyar, Pa RW Nurasajati, S.Pd.I, anu asalna ti SMPN Satu Atap Terpadu Sukamukti. Sajaba ti éta, eskul Pramuka jeung Pasukan Paskibra "Spetsa" oge ngiring ngabagéakeun kapamingpin anyar éta.
Acara serah terima kapala sakola lumangsung antara Dra. R. Linda Rahayu, anu parantos ngajabat ti taun 2023, ka Pa RW Nurasajati, S.Pd.I. Ibu Linda ayeuna dipasrahkeun tugas anyar ka SMPN 3 Sukatani.
SMPN 4 Sukatani miboga 378 siswa jeung 20 tenaga pendidik sarta kependidikan. Pengawas SMP, Herni Kurnia, S.Ag, hadir dina acara, bari nyaksian momen istiméwa éta salaku tonggak kepemimpinan ti sakola baheula ka sakola nu anyar.
Ibu Linda nyebatkeun seueur prestasi anu tos kahontal salila kapamingpinanana, diantarana peningkatan mutu pendidikan jeung pangembangan fasilitas. Malah parantos aya rencana ngawangun toilet anyar jeung ruang kelas anyar (RKB) nu bakal diteruskeun ku kapala sakola anyar. Anjeunna oge ngedalkeun rasa sukur jeung pamundut bantosan pikeun terus ningkatkeun sarana, saperti ruang guru jeung WC awéwé.
“Terima kasih ka kulawarga SMPN 4 Sukatani. Wilujeng ngawangun kulawarga anyar di tempat anu énggal.” saur Ibu Linda dina sambutanna.
Sedengkeun Pa RW Nurasajati dina pidatona ngungkabkeun kahayang pikeun ngajadikeun SMPN 4 Sukatani leuwih maju, inovatif, jeung solid. Anjeunna nitipkeun pesen, “Mun kapala sakola jeung guru teu kompak, bakal ruksak. Tapi lamun aya sinergi, insya Allah bakal maju.”
Aya hal unik, di SMPN 4 Sukatani guru-guruna seueur awéwé, sabalikna jeung di SMP Satap Sukamukti nu mayoritas lalaki. Ieu janten warna nu ngabédakeun.
Pesen bijak anu ditepikeun, “Di mana aya cinta jeung komitmen, insya Allah bakal aya suri tauladan.”
Wilujeng sumping ka SMPN 4 Sukatani, Pa RW Nurasajati, S.Pd.I. Mugi tiasa neraskeun perjuangan kapala sakola saméméhna, jeung babarengan kulawarga sakola sangkan leuwih maju deui.***
0 Response to "SMPN 4 Sukatani Optimis Maju jeung Kapala Sakola Anyar"
Posting Komentar