Upacara Poé Bela Negara Ka-77 Digelar di Taman Pasanggrahan Padjadjaran Purwakarta
Upacara Poé Bela Negara Ka-77 Digelar di Taman Pasanggrahan Padjadjaran Purwakarta
Dina raraga miéling Poé Bela Negara Ka-77 Taun 2025, Pamaréntah Kabupaten Purwakarta ngayakeun upacara miéling Poé Bela Negara anu dilaksanakeun dina Juma’ah, 19 Désémber 2025 jam 08.00 WIB, tempatna di Taman Pasanggrahan Padjadjaran, Kelurahan Nagritengah.
Upacara kasebut ngusung téma “Teguhkan Bela Negara Pikeun Indonesia Maju.” Kagiatan ieu diiluan ku sakitar 500 urang peserta anu asalna ti rupa-rupa unsur pamaréntahan jeung masarakat.
Nu jadi pananggung jawab kagiatan nyaéta Drs. H. Mohamad Ramdhan, M.Si., Kapala Badan Kasatuan Bangsa jeung Pulitik (Kesbangpol) Kabupaten Purwakarta. Sedengkeun nu janten Inspektur Upacara nyaéta Letkol Inf Ardha Cairova Pariputra, S.IP., M.P.M., Dandim 0619/Purwakarta.
Upacara ogé dihadran ku unsur Forkopimda Kabupaten Purwakarta, jajaran TNI–Polri, para Kapala OPD, Camat, Lurah, sarta sémah ondangan séjénna. Dina amanat Presiden Republik Indonesia anu dibacakeun ku Inspektur Upacara, ditekenkeun pentingna ngukuhkeun sumanget bela nagara salaku kakuatan koléktif bangsa pikeun nyanghareupan rupa-rupa tangtangan global, ogé ngajaga persatuan jeung kasatuan bangsa demi ngawujudkeun Indonesia anu maju.
Upacara réngsé jam 08.20 WIB sarta lumangsung kalayan tartib, aman, jeung kondusif, minangka gambaran komitmen sakumna unsur di Kabupaten Purwakarta dina miara jeung nancebkeun ajén-inajén bela nagara dina kahirupan bermasyarakat, berbangsa, jeung bernegara.***
0 Response to "Upacara Poé Bela Negara Ka-77 Digelar di Taman Pasanggrahan Padjadjaran Purwakarta"
Posting Komentar