WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Mobil Ambulance terjebak Longsor Cirata Kemarin Soré, BPBD Purwakarta Cepat Tanggap

Mobil Ambulance terjebak Longsor Cirata Kemarin Soré, BPBD Purwakarta Cepat Tanggap Cirata/Purwakarta - WSO Assalamualaikum warahmatullahi w...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Peringatan HUT PGRI, 300 Guru Ranting Cilingga Padungdeng di Lapang Désa Linggamukti



Peringatan HUT PGRI, 300 Guru Ranting Cilingga Padungdeng di Lapang Désa Linggamukti

Purwakarta – WSO. Rangkaian kagiatan Hari Ulang Tahun (HUT) Persatuan Guru Republik Indonesia (PGRI) jeung Hari Guru Nasional terus lumangsung meriah. Tepatna di Lapang Désa Linggamukti, Ranting PGRI Cilingga ngayakeun gelaran olahraga jeung kaulinan tradisional anu diiluan ku sakitar 300 guru ti rupa-rupa lembaga pendidikan.


Peserta nu datang ngawengku guru-guru ti SMA/SMK, MA Miftahul Ulum, ogé sakola dasar di wilayah Cilingga, di antarana SD 1, 2, 3 Cilingga; SD 1 Linggasari; SD 1 & 2 Linggamukti; SD 1 & 2 Sadar Karya; jeung SD Sawit 1.


Kegiatan ieu dibuka resmi ku Kepala Désa Linggamukti kalayan dihadiran ku Korwil Pendidikan 7 Darangdan–Bojong.


Ngahudangkeun Solidaritas Guru Ketua Ranting PGRI Cilingga, AI Juariyah, S.Pd, muji pisan kana kekompakan sareng sumanget peserta dina meriahkeun HUT PGRI taun ieu.


“Ku ayana kagiatan sapertos kieu, silaturahmi antarguru di Cilingga terus ngarekat. Mudah-mudahan kekompakan ieu jadi modal pikeun nguatkeun pelayanan pendidikan ka murid,” saur anjeunna.


Samentawis éta, Ketua Gugus Cilingga Komarudin, S.Pd ngarepkeun sangkan ajang ieu tiasa ngaronjatkeun solidaritas jeung rasa kabersamaan guru.


Hiburan jeung Olahraga Tradisional

Seueur cabang lomba anu dipertandingkeun, saperti: Widang lomba ngawengku diantarana Mengumpulkan Bola, Jalan Kepiting, Estafet Belut, Tarik Tambang.


Gelaran ieu ogé dibiayaan sacara swadaya sarta didukung ku para sponsor, di antaranya: MBG SPPG Andi Azhar jeung SPPG Mandala Lokajaya Darangdan


Guru Kompak, Pendidikan Hebat Kagiatan anu penuh tawa jeung keriuhan ieu ngabuktikeun yén guru salawasna boga peran penting dina nguatkeun karakter murid, lain ngan ukur dina kelas, tapi ogé dina kawersaan sosial.


Acara ditutup ku doa sareng harepan sangkan pangwangunan pendidikan di wilayah Cilingga beuki maju jeung berdaya saing.***



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Peringatan HUT PGRI, 300 Guru Ranting Cilingga Padungdeng di Lapang Désa Linggamukti"

Posting Komentar