WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Patroli Gabungan Skala Gedé di Purwakarta, Wujud Sinergitas TNI, Polri jeung Pamaréntah

Patroli Gabungan Skala Gedé di Purwakarta, Wujud Sinergitas TNI, Polri jeung Pamaréntah PURWAKARTA – WSO,- Dina poé Rebo, 14 Okt...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Pengrajin Awi Muda di Linggamukti, Darangdan: Iman Ahmad Mansyur Bangun Usaha "Ater Black"

Produk Awi Wulung ti Linggamukti, Harga Merenah Kualitas Luhur

Pengrajin Awi Muda di Linggamukti, Darangdan: Iman Ahmad Mansyur
Bangun Usaha "Ater Black"

Darangdan – Grup Warta Sunda,-
Iman Ahmad Mansyur (32), saurang warga Kampung Citukung RT 14/05, Désa Linggamukti, Kecamatan Darangdan, geus tilu taun terakhir tekun jadi pengrajin awi ngaliwatan usaha nu dingaranan “Ater Black”.



Lulusan SMAN 1 Darangdan taun 2009 ieu ti baheula geus katelah resep kana matematika, anu ngajadikeun anjeunna ngahormat pisan ka Guru Wahidat, guru matematika nu kungsi ngajar anjeunna. Nepika ayeuna, rumus-rumus matematika sok jadi ilham dina ngararancang produk-produkna dina nyieun kerajinan bahan awi hideung. 

Kitu basa ngawangkong jeung Grup Warta Sunda nu nalika disakola, mibanda prestasi olahraga basket nalika Bupati Cup Purnawarman sawatara waktu ka tukang. 

Iman ngahasilkeun rupa-rupa produk tina awi wulung, saperti:
Korsi awi: hiji set butuh 6 batang awi hideung, waktuna 5 poe, dijual Rp600.000. Upama korsi panjang khusus, hargana Rp250.000. Nepika ayeuna geus ngajual 6 pasang di sabudeureun Darangdan.

Lampion: Rp30.000

Tempat tisu: Rp35.000

Bingkai poto: Rp25.000–Rp50.000 (ukuran A3+, F4/A4)

Korang: Rp15.000–Rp25.000

Cangkir Awi sasetél: Rp250.000 (6 gelas + teko + baki)
Pakakas nu digunakeun sapopoé nyaéta tatah, ragaji, péso raut, palu, hampelas, gunting, obeng jeung sajabana. 

Pikeun nyieun hiji korsi awi biasana butuh waktu tilu poé, gumantung kana modél jeung ukuranana.
Terobosan pengrajin awi, ngadamel Tripot 

Salian ti pengrajin awi, Iman ogé boga kaahlian jadi tukang cukur. Saur warga nu asalna ti Sawit, ayeuna anjeunna cicing di Kampung Citukung lantaran meunangkeun pamajikan ti dinya. Bahan baku awi biasana didapetkeun ti Cijolang, Désa Linggasari atawa Sawit jeung Cotak. Kiwari anjeunna ogé keur melak bibit awi hideung di Kampung Munjul, sangkan ketersediaan bahan baku leuwih ajeg.

Aya ogé kapercayaan ti kolot baheula yén ngala awi aya waktuna: henteu meunang salasa jeung jumaah, sarta biasana mimiti jam 11 isuk ka luhur (nalika turun cai).

Pangalaman karajinan anu dikuasai Iman ogé asalna tina kulawargana. Anjeunna ngaku diajar ti Abah Mumu (alm) sok nyonto ngagunakeun péso raut. Anjeunna ogé kagungan getih kasenian, turunan ti nini asal Cikalongwetan nu resep kana seni ngadalang. Nepi ka ayeuna, anjeunna sok silih tukeur inspirasi jeung mamangna, Ustad Wawan, nu resep kana seni maénpo buhun.

Sanajan ayeuna usaha karajinanana anyar sewates dilembur, Iman miharep engké bisa leuwih ngembang, utamana lamun bahan baku awi ti nagara sorangan leuwih loba tiasa dimanfaatkeun. “Upami sumber daya alam loba, naha henteu dimaksimalkéun pikeun kahirupan urang sorangan,” pokna.

Iman ogé nyaritakeun yén dirina ayeuna geus apal kana karakter jeung ciri awi, boh tina warna, serat, nepi ka umur awi nu pantas dipaké pikeun bahan karajinan. Élmu éta lain ukur ti pangalaman sorangan, tapi ogé hasil nitenan sareng niru ka Mang Aca, saurang pangala awi sepuh anu sok méré conto kumaha adab-adaban lamun rék ngala awi.

Saur Iman, inyana ogé sok guguru ka Mang Ondé, dina ngolah bahan baku awi hideung. 

Ku sabab kitu, dina unggal prosésna, Iman teu saukur mikiran hasil produkna, tapi ogé ngajaga tatakrama tur ngalakonan cara-cara kolot baheula dina ngahargaan kana alam.

Ungkara di luhur éta ogé dihaminan ku Ustd Wawan, ngeunaan kiprahna nonoman (Iman Ahmad Mansyur) nu kreatif komo nepika teu mopohokeun ka nu jadi kokolot tur ngajalankeun amanah kolot baheula anu masih mertahankeun budaya Sunda. ***






Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Pengrajin Awi Muda di Linggamukti, Darangdan: Iman Ahmad Mansyur Bangun Usaha "Ater Black""

Posting Komentar