Hari Batik Nasional, Batik Jadi Identitas Budaya Nu Kudu Dijaga
Hari Batik Nasional, Batik Jadi Identitas Budaya Nu Kudu Dijaga
UNESCO – Grup Warta Sunda,-
2 Oktober 2025 kagiatan pikeun memperingati Hari Batik Nasional. Ieu peringatan diayakeun pikeun ngangkat deui ajén budaya batik, nu geus jadi warisan luhur bangsa Indonesia sarta geus diaku ku UNESCO.
Festival Membatik Generasi Muda
Salah sahiji kagiatan utama nyaéta Festival Membatik pikeun generasi muda. Ieu festival narik perhatian puluhan siswa jeung nonoman anu diajar langsung kumaha prosés nyieun batik. Tujuanana supaya barudak ayeuna leuwih ngarti kana filosofi batik sarta henteu ngan ukur nganggap batik salaku pakéan resmi, tapi ogé simbol jati diri bangsa.
Kagiatan di Lingkungan Sakola
Di sakola-sakola, para siswa diwajibkeun maké baju batik dina tanggal 2 Oktober. Lian ti éta, aya ogé lomba membatik nu dipilampah ku para siswa SMP jeung SMA di Purwakarta. Siswa-siswi kasampak sumanget, bari makalangan ngaluarkeun kreativitas dina nyieun motif batik ku rupa-rupa téknik, ti mimiti ecoprint nepi ka lukisan manual.
Ajakan Pamaréntah jeung Tokoh Masyarakat
Sakumna masyarakat pikeun reueus jeung cinta kana batik. Anjeunna nétélakeun yén Purwakarta boga puluhan motif batik khas, nu diilhaman tina alam jeung budaya lokal, saperti motif awi, cai, jeung tatanén.
Tokoh budaya ogé ngingetkeun yén batik lain ukur pikeun acara resmi, tapi bisa dipaké dina kahirupan sapopoe. Sababaraha petani jeung warga Purwakarta malahan geus biasa maké batik nalika gawe, sabagé bentuk rasa bangga kana budaya sorangan.
Dina kasempetan ieu, muncul deui gagasan pikeun ngadegkeun sakola membatik di Purwakarta. Tujuanana supaya élmu batik bisa diwariskeun sacara sistematis ka generasi saterusna, sarta batik Purwakarta bisa leuwih dikenal ku masarakat nasional jeung internasional.
Ngaliwatan peringatan Hari Batik Nasional, masyarakat Purwakarta diajak pikeun ngajaga jeung ngamekarkeun batik minangka identitas budaya, kebanggaan bangsa, jeung warisan nu kudu dijaga tur diwariskeun ka generasi saterusna.***
0 Response to "Hari Batik Nasional, Batik Jadi Identitas Budaya Nu Kudu Dijaga"
Posting Komentar