Inara Nahda Lutfiah, Siswa SDN 3 Tegaldatar Asup Nominasi Kompetisi Faporit 2 Poster Digital Profil Sekolah 2025, Urutan ka-5
Inara Nahda Lutfiah, Siswa SDN 3 Tegaldatar Asup Nominasi Kompetisi Faporit 2 Poster Digital Profil Sekolah 2025, Urutan ka-5
Purwakarta – Grup Majalah Warta Sunda,-
Salah sahiji prestasi nu disangking ku SDN 3 Tegaldatar anu suksés asup kana daptar nominasi Kompetisi Digital Profil Sekolah Tahun 2025.
Dina kategori Kontén Poster Digital, siswi berbakat Inara Nahda Lutfiah dipilih minangka nominator. Karya kreatifna dipandang mampuh ngagambarkeun inovasi jeung semangat era digital anu jadi bagian tina program profil sakola.
Kepala Sekolah SDN 3 Tegaldatar, Lilis Ratnasari, S.Pd ngahaturkeun rasa syukur sareng bangga kana prestasi ieu. ““Néng, Inara Nahda Lutfiah Nenehna Inara téh, Alhamdulillah, murid urang tiasa nunjukkeun kreativitasna nepi ka diaku dina tingkat kompetisi Kabuptén Purwakarta. Ieu mugi janten motivasi pikeun sakumna siswa sangkan leuwih semangat dina diajar sareng berkarya hususn keur anak didikna."
Kompetisi ieu janten wadah pikeun ngamekarkeun poténsi digital murid, bari ogé ngadorong sakola pikeun terus inovatif dina nyanghareupan tantangan jaman kiwari.
Masih ceuk Kapala SDN 3 Tegaldatar nu ngedalkeun rasa syukur jeung apresiasi kana hasil ieu. “Prestasi ieu ngabuktikeun yén kreativitas barudak SDN 3 Tegaldatar terus ngembang. Mugia ieu janten panyanggem jeung motivasi pikeun sadaya siswa supaya leuwih sumanget dina berkarya sarta nembongkeun kamampuhan pangsaéna,” saur anjeunna.
Lain halna nu kasauran Guru pembimbing Ida Solihat, S.Pd, ogé masihan tanggapan ngeunaan prestasi ieu. “Kami salawasna ngadukung unggal usaha jeung kreativitas murid. Prestasi ieu mangrupikeun hasil tina gawé bareng, disiplin, jeung semangat murid anu luar biasa. Mugia ieu tiasa jadi panto pikeun lahirna prestasi-prestasi séjénna,” saur guru pembimbing.
Kompetisi Digital Profil Sakola mangrupakeun ajang bergengsi anu ngadorong kreativitas siswa dina widang digital. Kalawan asupna SDN 3 Tegaldatar kana nominasi ieu, sakola yakin tiasa ngalahirkeun generasi anu unggul, kreatif, sarta siap bersaing dina jaman digital ayeuna.
Siswa anu karyana asup kana nominasi ogé ngedalkeun rasa bagja jeung sukur.
“Kuring bungah pisan tiasa kapilih kana nominasi. Poster ieu kuring nyieun kalayan sumanget pikeun ngenalkeun sakola. Profil Lingkungan Sakola, Lingkungan sakola resik, rapih, jeung merenah, Barudak sakola aktip tur sumanget, Prosés diajar tos nganggo sistem online," kitu basa ditaros ku Grup Majalah Warta Sunda nalika néng Inara Nahda Lutfiah nu badé simulasi ANBK dina kamekaran IT di sakokana.
Ibu Ramana nyaéta mamahna Ucu ngarasa reueusna. Réhna "prestasi ieu teu leupas tina dukungan jeung do’a ti kolot. Urang sadaya reueus kana hasil anu dihontal ku anak-anak urang. Mugia sakola tetep jadi lingkungan anu subur pikeun mekarkeun bakat jeung prestasi barudak." ***
1 Response to "Inara Nahda Lutfiah, Siswa SDN 3 Tegaldatar Asup Nominasi Kompetisi Faporit 2 Poster Digital Profil Sekolah 2025, Urutan ka-5"
Mantap nara
Posting Komentar