WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

MAPAG PANÉN PARÉ INFARI




Sacangkéwok téh éstuning lain babasan, malah sok jadi panggeuhgeuyan sémah nu datang ka sakola. Tapi sawah nu sacangkéwok ieu hasil gawé capé barudak. Ti mimiti ngabedah lahan pamiceunan barangkal, nyieun kotakan, mopok galengan, nyaian, nyieun pabinihan, tebar, babut, tandur, ngarambét, ngagemuk, nepi ka ayeuna nu moal lila deui baris panén.


Ngan hanjakal, mangsa téréh panén ayeuna, barudak moal bisa nyaksian babarengan. Nya sigana wawakil kelas atawa pengurus OSIS mah, barang opatan limaan, bisa datang ka sakola, kalawan tarapti nurutkeun prosedur protokol kasehatan dina nyegah pandemi covid-19.

Harepan tina sawah sacangkéwok ieu, mugia waé numuwuhkeun kasadaran jeung karep barudak kana widang tatanén.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "MAPAG PANÉN PARÉ INFARI"

Posting Komentar