WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Novita Purwanti Realisasikeun Pokir: Jalan Leucir Cidadapan Anjun Kiwari Mulus


Novita Purwanti Realisasikeun Pokir: Jalan Leucir Cidadapan Anjun Kiwari Mulus

Laporan : A. Mugian

Plered - Grup Warta Sunda,-
Warga Kampung Cidadapan RT.18-19 RW. 04, Désa Anjun, Kecamatan Plered, ayeuna bisa ngarasa bungah. Lantaran jalan/patalimarga utama di kampung éta keur meunangkeun perbaikan ngaliwatan program pengaspalan jalan anu sumber danana asal tina Pokok Pikiran (Pokir) anggota DPRD Kabupaten Purwakarta.
Ketua Karang Taruna, Cucup Mulyana ka Grup Warta Sunda dilokasi, Juma'ah, 3/10/2025 nalika nunjukeun Jalan nu can di aspal. *

Pelaksanaan pangaspalan ieu jadi jawaban tina aspirasi warga anu lila ngantos-ngantos infrastruktur jalan anu leuwih merenah pikeun ngadukung mobilitas sapopoé. Loba warga ngedalkeun rasa syukurna lantaran jalan nu tadina rusak jeung hésé dilewati, ayeuna bakal leuwih alus jeung mulus. Kitu Ceuk Ketua Karang Taruna, Cucup Mulyana nenehna Olot ka Grup Warta Sunda dilokasi, Juma'ah, 3/10/2025.

Inyana ogé, ngajelaskeun yén warga di éta wewengkon 11 taun kakara aya ibar anu pikabungaheun yén jalanna leucir. "Ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka Bu Dewan nu parantos merjuangkeun dugika jalanna diaspal," Pokna Olot. 
Novita Purwanti, Anggota DPRD Purwakarta ti Fraksi PDIP. *

Dina kasempetan éta ogé, ka sauran Anggota DPRD Kabupaten Purwakarta ti Fraksi PDIP, Novita Purwanti, perwakilan Dapil  5 Plered, Tegalwaru, Maniis, ngalangkungan program Pokok Pikiran (Pokir) kakara ngalaksanakeun pengaspalan Jalan Leucir di Kampung Cidadapan, Desa Anjun, Kecamatan Plered.

Realisasi ieu mangrupakeun jawaban tina aspirasi masyarakat anu geus lila ngadagoan perbaikan jalan. Ku ayana jalan anyar ieu, mobilitas warga pikeun dagang, sakola, jeung kagiatan sapopoe jadi leuwih gampang jeung aman.

“Pokir ieu asalna tina aspirasi masyarakat, sareng tugas abdi pikeun ngusahakeun sangkan bisa direalisasikeun. Infrastruktur dasar sapertos jalan penting pisan pikeun ngaronjatkeun ékonomi jeung kanyamanan warga,” saur Novita Purwanti, Anggota DPRD Purwakarta ti Fraksi PDIP.
Lain deui ceuk Suhanda (60) warga Kp. Cidadapan yén aspirasi ibu Dewan realisasi éta téh, kacida bungahna, jalanan bisa leucir. Inyana ogé, ngungkabkeun rasa syukurna. “Alhamdulillah ayeuna jalan geus alus, moal hese deui lamun kudu ka pasar atawa ka sakola,” pokna.

Pokir anu disalurkeun ku Novita Purwanti dipiharep bakal terus nyentuh kabutuhan dasar masyarakat, utamana dina widang infrastruktur, pikeun kamajuan wilayah Plered-Tegalwaru-Maniis.

Ibu dewan program ieu teu saukur pikeun ngaronjatkeun fasilitas transportasi, tapi ogé boga dampak ékonomi. "Lamun jalan alus, otomatis usaha warga, perdagangan, jeung aksés ka sakola atawa kasehatan leuwih gampang. Ieu hasil tina sinergi aspirasi warga, DPRD, jeung pamaréntah daerah," saur anjeunna.

Samentawis éta, pihak pelaksana proyék ngajamin yén kualitas pangaspalan dijaga sangkan manfaatna bisa karasa lila ku masyarakat. Tahapan gawé terus dipantau ku aparat désa jeung warga, sangkan hasilna saluyu jeung harepan.

Ku jalan anu geus diaspal, warga Cidadapan Anjun ngaharepkeun aktivitas distribusi hasil  tani, transportasi sapopoé, jeung mobilitas barudak ka sakola leuwih lancar. Program pangaspalan ieu jadi bukti yén aspirasi masyarakat bisa diwujudkeun ngaliwatan wadah Pokir anggota DPRD anu leres-leres ngadengekeun kabutuhan warga.

Patalimarga ruas jalan lingkuJalan ka SDN 2 Anjun di Kp. Cidadapan RT.18-19 RW. 04, Désa Anjun, Jalan kabupatén anu ngahubungkeun ti Désa Anjun ka Désa Liunggunung, Kecamatan Pléréd, Kabupatén Purwakarta. 

Nurutkeun data nu dikumpulkeun yén tina panjang 900 métér, tina Pengerjaan ku pihak ketiga panjangna 50,75 m, lebar 2,78 m.***



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Novita Purwanti Realisasikeun Pokir: Jalan Leucir Cidadapan Anjun Kiwari Mulus"

Posting Komentar