WARTA ATIKAN TI DARANGDAN : SMPN 4 Darangdan Tatanén Bari Ngipuk Karakter Siswa
Keterangan Poto :
Pelak pakcoy di sabudeureun saung literasi SMPN 4 Darangdan
Hasil panén pakcoy nu dibagikeun kalayan haratis ka barudak
WARTA
ATIKAN TI DARANGDAN – Warta Sunda Onliné,
|
M
|
ANGSA
istirahat, di pipir wangunan SMPN 4 Darangdan Kabupatén Purwakarta, barudak
obyag ngareusian cangkang plastik urut wadah inuman ku taneuh kompos. Cangkang
plastik urut cai mineral téh tuluy digantung-gantungkeun dina paku nu aya di
sabudeureun wangunan sakola. Sanggeus kitu aya siswa anu ngarintah-rintahkeun
binih pakcoy tina tempat pangipukan kana wadah plastik téa.
Sawaréh deui barudak
téh ngabolongan cangkang plastik tuluy ditiiran maké tambang leutik. Awéwé
lalaki guyub sauyunan, digawé babarengan bari sempal guyon ilaharna barudak nu
keur arulin.
Basa dikolongan
ngeunaan kagiatan barudak marelak pakcoy, anjeunna ngawaler, “Ngahaja barudak
téh dibiasakeun kana tatanén, sangkan boga tanggung jawab ti mimiti nyieun
wadah pamelakan, ngipuk, melak, nyébor, nepi ka panénna. Tujuanana sajaba ti
keur mindahkeun kabiasaan ngagugulung HP, ogé nu utamana mah ngipuk karakter
sangkan atikan di sakola aya mangpaatna keur kahirupan jaga di masarakat.”
Pikeun SMPN 4
Darangdan mah, widang tatanén téh mangrupa salasahiji kagiatan ekstrakurikuler
nu dikokolakeun kalayan daria. Tina 535 siswa di ieu sakola, ampir satengahna milih
ekskul tatanén. Nu dipelakna rupa-rupa, aya pakcoy, kangkung, saladah
bokor, jeung kacang panjang. Nu leuwih
unikna, saung literasi di ieu sakola, sakurilingna pinuh ku tangkal pakcoy, anu
saliwat mah siga kembang anu digantung-gantung.
Hasil panénna,
sajaba ti dibagikan kalayan haratis ka barudak nu marelakna, ka hareupna mah
rék dijual ka warung-warung di sabudeureun Désa Pasirangin jeung pasar Bojong.
Duit kauntungan hasil tatanén bisa dibeulikeun buku pikeun ngeuyeuban pabukon
di saung literasi.
Ketua OSIS, Muhammad
Ilham Maulana némbongkeun kareueus jeung pangaresepna kana widang tatanén.
“Réngsé sakola téh janten males uih, betah di sakola ngurus pepelakan,” pokna
dihaminan ku babaturanana nu sarua kelas 8.
Jadi tétéla, ngipuk
karakter budak téh teu ngan saukur di jero kelas wungkul. Ngaliwatan pepelakan
ogé bisa, malah katempona leuwih teleb keuna kana mamaras rasa, sabab didinya
aya pangaresep jeung tanggung jawab anu dikamalirkeun, nu tan katempo ku panon
lahir.*** (ANTO)

