WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Hj. Sri Rahayu Agustina Hadir dina Puncak HUT Golkar di Kantor DPD Golkar Purwakarta

  Hj. Sri Rahayu Agustina Hadir dina Puncak HUT Golkar di Kantor DPD Golkar Purwakarta Purwakarta – WSO Puncak peringatan Hari Ulang Tahun...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Aya Naon Jeung Poé Pahlawan Ayeuna? H. Eep Supriadi Umajak ka Warga ku cara Nyumangetan Hari Pahlawan 2025

Aya Naon Jeung Poé Pahlawan Ayeuna?
H. Eep Supriadi Umajak ka Warga ku cara Nyumangetan Hari Pahlawan 2025

"Hayu urang micatur poéan miéling Poé Pahlawan di Purwakarta, ku maos portal konten Warta Sunda Onliné, salasahijina H. Eep Supriadi pituin urang Purwakarta kumikanyaah jeung Umajak ka Warga ku cara Nyumangetan Hari Pahlawan 2025."

PURWAKARTA – WSO,-
Dina raraga miéling Poé Pahlawan Nasional 10 Nopember 2025, tokoh masyarakat H Eep Supriadi ngagero warga pikeun ngamalkeun deui sumanget para pahlawan anu geus ngorbankeun sagalana pikeun kamerdikaan bangsa.

Ceuk H. Eep, sumanget kapahlawanan téh lain saukur kudu tarung di medan perang, tapi ogé kudu nunjukkeun dina gawé anu rancagé, silih asah, silih asih tur silih asuh, nepika siliwangian jeung kontribusi nyata pikeun kamajuan bangsa ayeuna.

“Jadi pahlawan masa kini téh nyaéta berani ngalakukeun hal nu hadé pikeun kabersamaan. Urang kudu ngajaga persatuan jeung terus berkarya pikeun masyarakat,” pokna.

H. Eep ogé ngélingan generasi ngora supaya ulah mopohokeun jasa para pahlawan, sarta terus ngamalkeun ajén-inajén nasionalisme jeung boga rasa tanggung jawab sosial dina kahirupan sapopoé.

“Perjuangan pahlawan téh warisan anu mulya. Tugas urang ayeuna nyaéta neruskeunana ku laku lampah nyata,” pokna. 

Poé Pahlawan ayeuna jadi momen pikeun ngaca diri, nguatkeun deui gotong royong, rasa persatuan, jeung cinta tanah air, sakumaha sumanget para pejuang kamerdikaan baheula.

(Redaksi WSO – Diolah tina RadarNusa News, 10 Nopember 2025)



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Aya Naon Jeung Poé Pahlawan Ayeuna? H. Eep Supriadi Umajak ka Warga ku cara Nyumangetan Hari Pahlawan 2025"

Posting Komentar