Tilu Siswa SDN 1 Cibogohilir Raih Prestasi Olahraga di Penghujung 2025
Tilu Siswa SDN 1 Cibogohilir Raih Prestasi Olahraga di Penghujung 2025
PURWAKARTA – WSO, Panungtungan taun 2025, nyatana bulan Nopémber, SDN 1 Cibogohilir deui meunangkeun préstasi anu matak reueus. Tilu siswana geus bisa mawa seungit ngaran sakola ngajomantarakeun sababaraha ajang olahraga, boh dina lomba renang boh dina tanding bela diri. Kapala SDN 1 Cibogohilir, Junjun Junitri, S.Pd, ngahaturkeun rasa syukur sarta apresiasi ka para siswa anu parantos nyangking préstasi, ogé ka pelatih jeung kolot siswa anu salawasna mere dukungan.
Préstasi Cabang Renang – Purwakarta Akuatic Swimming Festival 2025, dua urang nyangking préstasi saperti ngawengku dihandap ieu :
1. Adiba Shakila Firdaus – Kelas 6B
Siswa anu katingali berbakat dina cabang renang ieu hasil nyabet dua gelar juara:
Juara 1 – 25m Freestyle Fins
Juara 1 – 25m Butterfly Fins
2. Raline Alata Rohman – Kelas 6B
Raline ogé henteu katinggalan nunjukkeun prestasi cemerlangna:
Juara 1 – 50m Freestyle Fins
Juara 1 – 25m Breaststroke
Prestasi Cabang Bela Diri
3. Nadin Ardillah – Kelas 3A
Dina cabang bela diri, Nadin tampil percaya diri sarta meunangkeun prestasi:
Juara 1 Tanding Karate
Kapala sakola nandeskeun yén prestasi ieu jadi motivasi pikeun sakumna siswa supaya terus ngembangkeun bakat jeung minatna, utamina dina widang olahraga. Sakola ogé komitmen pikeun nerapkeun pembinaan sareng nyayagikeun fasilitas anu leuwih hadé sangkan prestasi siswa terus ningkat.
Préstasi anu dicapai ku Adiba, Raline, jeung Nadin ieu jadi panutup taun anu éndah pikeun SDN 1 Cibogohilir. Ieu ge bukti yén kagiatan ekstrakurikuler di sakola lumangsung lancar sarta sanggup ngahasilkeun atlet-atlet ngora anu berprestasi.***
Selamat ka para juara!



0 Response to "Tilu Siswa SDN 1 Cibogohilir Raih Prestasi Olahraga di Penghujung 2025"
Posting Komentar