WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Mobil Ambulance terjebak Longsor Cirata Kemarin Soré, BPBD Purwakarta Cepat Tanggap

Mobil Ambulance terjebak Longsor Cirata Kemarin Soré, BPBD Purwakarta Cepat Tanggap Cirata/Purwakarta - WSO Assalamualaikum warahmatullahi w...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Syarif Fawwaz Saputra, Siswana SMPN 1 Darangdan Asup Tahap Kadua Ajang Bina Talenta Indonésia

Syarif Fawwaz Saputra, Siswana SMPN 1 Darangdan Asup Tahap Kadua Ajang Bina Talenta Indonésia 

Baraya SMPN 1 Darangdan bangga! 🎉 Siswa urang Syarif Fawwaz Saputra (Kelas VIII) resmi lolos ka Tahap Kadua Ajang Talenta Koding & Kecerdasan Artifisial Tingkat Nasional 

Mugia Syarif tiasa neruskeun prestasi panghadéna, ngaharumkeun ngaran sakola sareng Purwakarta!

#SMPN1Darangdan
#AnakBerprestasi 
#TalentaNasional2025
#PurwakartaIstimewa

http://warta-sunda-online.blogspot.com/2025/12/syarif-fawwaz-saputra-siswana-smpn-1.html


Purwakarta – WSO, Hiji deui prestasi membanggakeun diunjukkeun ku peserta didik SMP Negeri 1 Darangdan. Syarif Fawwaz Saputra, murid kelas VIII kalayan Wali Kelas Bapa Dian Sudiana, S.Pd., hasil lolos ka Tahap Kadua dina Ajang Bina Talenta Indonésia Koding & Kecerdasan Artifisial (KKA) Tingkat Nasional.

Hiji diantara siswa anu nyangking préstasi éta nyaéta Syarif Fawwaz Saputra, siswa kelas VIII. Siswa éta téh hasil ngalangkungan seleksi administrasi Program Bina Talenta Indonésia (BTI) Tahap 2 Tahun 2025, nyaéta program pangembangan talenta pikeun peserta didik nu diselenggarakeun ku Pusat Prestasi Nasional (Puspresnas). Salah sahiji sarat anu ditedunan nyaéta geus terdata dina sistem SIMT (Sistem Informasi Manajemen Talenta).

Dina program ieu, Syarif Fawwaz Saputra boga hak pikeun nampa pangalaman diajar interaktif ngaliwatan palatihan jeung pembinaan minat bakat bidang Koding sareng Kacerdasan Artipisial (KKA) ogé pembinaan karakter. Kagiatan ieu dilaksanakeun di Politeknik Manufaktur Bandung ti tanggal 7–13 Désémber 2025, jeung diiluan ku para siswa berprestasi ti sakuliah Indonesia.


Syarif Fawwaz Saputra, salaku PIC Lomba Siswa Nasional SMPN 1 Darangdan Purwakarta, ngajelaskeun yén saatos lolos seleksi administrasi dina bulan Agustus, yén siswa kasebut rutin milu latihan sacara daring ti tanggal 15 Séptémber nepi ka 14 Nopémber 2025, unggal Senén, Kemis jeung Jumaah ti jam 15.30 – 17.30 WIB.


Abdi reueus jeung sumanget salawasna rajin hadir sarta pikeun neangan élmu ngeunaan Koding, Kacerdasan Artipisial jeung pangwangunan karakter anu dibimbing ku dosén-dosén perguruan tinggi mitra Puspresnas. Pangrojong ti kolotna ogé jadi kakuatan tambahan pikeun maranéhna ngudag prestasi pangluhurna,” saur Syarif.




Di sisi séjén, Kepala SMPN 1 Darangdan Bapa Nur Iskandar, S.Pd., nu kakara dilantik tanggal 14 Séptémber 2025, ogé ngedalkeun rasa reueusna. Syarif dipikawanoh minangka murid nu rajin, pinter, mandiri, sopan, tur miboga budi pekerti anu hade. Perjuanganana luar biasa, unggal dinten anjeunna indit ka sakola kalayan leumpang ngalangkungan jalan nanjak-turun, tapi henteu leungit sumanget pikeun sakola.


Syarif téh budak nu rajin jeung beunghar poténsi. Anjeunna layak janten wakil sakola dina ajang ieu,” ceuk Bapa Dian Sudiana, S.Pd., salaku wali kelasna.


Kami téh jangji bakal ngadukung sadayana prestasi murid. Hapunten, ieu jadi kahormatan gedé pisan, sabab ti rébuan peserta sakabéh Indonesia, ngan tilu urang wungkul ti Purwakarta anu tembus seleksi, salah sahijina Syarif ti SMPN 1 Darangdan. Alhamdulillah, mugia Syarif tiasa neruskeun nepi ka tingkat ahir,” saur anjeunna.


Ajang Talenta Koding jeung Kecerdasan Artifisial Nasional ieu mangrupakeun ajang prestisius pikeun ngamekarkeun kamampuhan murid dina widang téknologi sarta inovasi di era digital.


Sakola ngaharapkeun Syarif tiasa terus émut usaha sareng diajar, sangkan bisa ngaharumkeun ngaranna sorangan, sakola, jeung Kabupaten Purwakarta di tingkat nasional.


“Siswa sapertos Syarif mangrupikeun generasi emas anu bakal jadi pamingpin masa depan. Prestasina mangrupa bukti yén dukungan kulawarga, guru, sareng usaha anu teu kenal lelah bakal ngahasilkeun buah nu hade.” Kitu ceuk Kepala SMPN 1 Darangdan, Bapa Nur Iskandar, S.Pd.***



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to " Syarif Fawwaz Saputra, Siswana SMPN 1 Darangdan Asup Tahap Kadua Ajang Bina Talenta Indonésia "

Posting Komentar