KANDAGA BUDAYA SUNDA, WARTA TI KEPOLISIAN, WARTA ATIKAN TI BOJONG : Wayang Golek Milu Ngareuah-reuah Milangkala Bhayangkara ka-73 Polres PWK
Wayang Golek Milu
Ngareuah-reuah
Milangkala Bhayangkara ka-73
Polres PWK
BOJONG – Warta Sunda Onliné,
|
D
|
ina raraga ngareuah-reuah milangkala ka-73 Bhayangkara,
Polres Purwakarta ngagelar saniskara Pesta Rakyat. Lumangsung 8 dugi ka 10 Juli
2019. Kitu ceuk Kapolres Purwakarta AKBP. Matrius, S.I, M.H ka Wartawan.
“Masih ngeunaan milangkala
ka-73 Bhayangkara Polres Purwakarta jeung pamaréntah parantos gawé bareng
ngayakeun saniskara kagiatan,” pokna.
Diantarana sanisakara kagiatan
éta téh, hiji diantarana nu kamari lumangsung poé Juma’ah (12/7) peuting ayana
pagelaran wayang golek nu dipintonkeun ku Dalang Opiek Sunandar Sunarya di
Lapang Désa Sukamanah, Kecamatan Bojong, Kabupatén Purwakarta.
“Malah mandar pagelaran éta
téh langsung dibuka ku sim kuring, inyana ngiring bingah ningali ku antusiasna rebuan
panongton pikeun nyaksenan pagelaran wayang golek,” pokna deui.
Masih ceuk Pa Kapolres, “dipilihna
pagelaran wayang golek téh ngarupakeun alat komunikasi dina raraga nyaketkeun antara
kepolisian jeung masarakat.”
“Wayang golek téh, lian ti hiburan
ogé aya ajén-inajén edukasi religius nu gampang ditarima ku masarak di
pilemburan,” pokna.
Ku kituna, inyana ngiring aub
dina ngamumulé seni budaya saperti halna wayang golek warisan karuhun urang
Sunda di Jawa Barat .
Lain halna deui ceuk,
perwakilan juru atik di SD Kecamatan Bojong, Teddy S. Inyana ngiring bingah yén
wewengkkonna jadi puseur dayeuh kagiatan pihak Polres Purwakarta nu tujuanna
sapertos ungkara nu dicaritakeun ku Pa Kapolres, AKBP. Matrius, S.I, M.H.
Wilujeng milangkala Bhayangkara ka-73 Kepolisian Indonésia, mugia
apanjang-upunjung.*** (Alif/Gin)
