WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Upacara Poé Bela Negara Ka-77 Digelar di Taman Pasanggrahan Padjadjaran Purwakarta

Upacara Poé Bela Negara Ka-77 Digelar di Taman Pasanggrahan Padjadjaran Purwakarta Purwakarta – WSO Dina raraga miéling Poé Bela Negara Ka-...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

LAMUN URANG GEUS KOLOT


*LAMUN URANG GEUS KOLOT.*
Ku : Abah Agra Disastra


Sadiakeun waktu pikeun babarengan jeung salaki/pamajikan anjeun,  sabab salah sahiji bakal mulang leuwih ti heula, pikeun nu masih hirup tinangtu bakal  neundeun panineungan anu éndah.

*LAMUN URANG GEUS KOLOT.*
Bakal datang mangsana rék leumpang kana panto ogé ripuh, meungpeung masih kénéh mampuh prak jalan-jalan ka sawatara tempat keur nyawang alam sabudeureun ciptaan Allah, muji kana kaagungannana anu moal lila deui kasaksian.

*LAMUN URANG GEUS KOLOT.*
Ulah ngariripuh manéh mikiran barudak kalawan kaleuleuwihi.  Maranéhanana mampuh usaha sorangan. Tangtukeun mah anjeun geus teu boga hutang saméméh maot
supaya maranehna henteu nanggung beungbeurat nu ditinggalkeun anjeun.

*LAMUN URANG GEUS KOLOT.*
Nyésakeun waktu babarengan jeung babaturan heubeul sabab lolongkrang pikeun babarengan beuki ngurangan ti mangsa ka mangsa.

*LAMUN URANG GEUS KOLOT.*
Tarimakeun panyakit nu nimpa. Sabab kabéh ogé sarua, boh beunghar atawa miskin bakal ngaliwatan kaayaan nu sarua nyaéta:
Ti mimiti lahir, orok, budak, déwasa, kolot, gering / maot.

*Peupeujeuh:*
"Hirup jeung  babaturan kudu siga eunteung, bisa silih rasakeun, urang gumbira manéhnaa gumbira, urang sedih manéhna milu sedih. Teu weleh ngupahan mantuan nyageurkeun"

Wilujeng ngalakonan mangsa kolot kalawan kabagjaan, mudah mudahan sabar kalawan tawekal oge mangpa'at.***   

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "LAMUN URANG GEUS KOLOT"

Posting Komentar