WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Sekda Purwakarta Sampaikan Penjelasan Bupati tentang RPJPD 2025-2045 pada Rapat Paripurna Tingkat I DPRD

Sekretaris Daerah Purwakarta nepikeun katerangan Bupati ngeunaan RPJPD 2025-2045 dina Rapat Paripurna DPRD Tingkat I. PURWAKARTA...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. SAKANTET UCAP LEBARAN 1445 H / 2024 M Bagéan ka-1 "Ti langit nu pangtebihna, dugi ka balébat panganggangna, nguyang muara hampura. Mugia langgeng dina wening ati. Wilujeng Boboran Siam." Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Mojang Jajaka Purwakarta

Mojang Jajaka Purwakarta
Pinilih ka-3 (Duta Bahasa) TK Provinsi 
di Garut



"109 Urang Pasanggiri Mojang-Jajak 2018, Diayak ku Panatacalagara Jadi 12 urang tur 6 Urang Pinilih.
Pinilih Moka Taun 2018 Tingkat Kabupatn Purwakarta Pinilihna Maria Sonya Meidika jeung Alvin Fébriant Syanyanto."


Warta Sunda Online,
P
asanggiri Mojang-Jajaka (Moka) Tingkat Provinsi Jawa Barat lumangung sasih Nopember 2018 nu kaliwat di Hotél Harmoni Kabupatén Garut. Moka Kabupatén Purwakarta téh janten Pinilih ka-3 (Duta Bahasa) nu wawakilna Néng Yulistiana Puspitasari Kartika sareng Cép Muhammad Panji Januarsyah Kustiawan.

Nurutkeun data ti panitia acara Pasanggiri Mojang Jajaka (MOKA) taun 2018 téh yén tina 109 urang pamilon nepik diayak dugika 12 urang nu asup ka Grand Final. Malah mandar diayak deui janten 6 urang pamilon pasanggiri moka . Kagiatan Pasanggiri Mojang Jajaka éta téh lumangsung di Balé Sawala Yudistira Komplek Pemerintah Kabupatén Purwakarta, (17/12).
12 urang pamilon moka éta téh, saméméhna asup Grand Final aranjeunna di karantina indoor jeung outdoor heula di Kampung Sadang pikeun unjuk kabisa ngeunaan nepika mana wawasan élmu pengetahuan dina widang seni tur budaya Purwakarta. Kitu ceuk Kepala Bidang Pariwisata dan Kebudayaan (Disporaparbud) Kabupatén Purwakarta, Heri Anwar, SH, MH ngeceskeun ka Warta Sunda Online sabada acara Pasanggiri Mojang Jajaka Kabupatén Purwakarta di Balé Yusdistira Purwakarta.
Dipiharep duta-duta mojang-jajaka ieu téh, tiasa masihan kontribusina pikeun ngamekarkeun seni jeung budaya hususna ngeunaan Kabupatén Purwakarta dina mawa komara ka tatar Jawa Barat tur mancanagara.
Disagedengeun éta, pihakna ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka rengrengan panatacalaga ti mimiti ngayak pamilon nepika ayeuna geus mibanda para duta pikeun makalangan ka tingkat provinsi, sok sanajan kamari dina sasih Nopember dua urang duta mojang-jajaka nu wastana Néng Yulistiana Puspitasari Kartika sareng Cép Muhammad Panji Januarsyah Kustiawan kantos tandang makalangan di Kabupatén Garut, tapi parantos tiasa masihan kaparigelan unjuk kabisana.
Sedengkeun nu janten kapinujulan moka téh ngawengku diantarana Mojang Pinilih Maria Sonya Meidika pelajar ti SMAN 2 Purwakarta kelas XI, pon kitu deui Jajaka Pinilih Alvin Fébriant Syanyanto pelajar SMAN 3 Purwakarta kelas XII.


Kalih ti éta, Pinunjul ka-2 (Duta Seni Budaya) Mojang : Gita Sri Wahyuni & Jajaka : M. Kahfi Eldyasya; Pinunjul ka-3 (Duta Pariwisata) Mojang : Lia Salsabila & Jajaka : Bayu Lesmana; Mojang-Jajaka Mimitran (Persahabatan) Mojang : Amalia Rakhman & Jajaka : Yusril Nuryahid; Mojang-Jajaka Kameumeut (Favorit) Mojang : Fina Aliyah Budiman & Jajaka : Muhammad Luthfi; Mojang Kewes (Photogenic) : Ersa Bella Paramitha & Jajaka Gandes (Photogenic) : Hendrik Hendarto.


Ngeunaan lainna ogé, saur Heri yén kamari di Kabupatén Garut Moka Kabupatén Purwakarta Pinilih ka-3 (Duta Bahasa) di Tingkat Provinsi Jawa Barat.



Dina kasempetan éta, ceuk Néng Yulistiana Puspitasari Kartika kalahiran Semarang, 29 April 2000 nu masih kénéh kuliah di Universits Widyatama Bandung (Mojang Manten Harapan ka-1 taun 2016), inyana ngarasa reueus yén Pasanggiri Mojang-Jajaka 2018 ieu téh jadi nambih pangalaman.  Malah mandar pangalaman nalika janten pamilon téh, inyana tina para pamilon janten apal mana nu namina team work tur kedah silih hargaan jeung antar pamilon,” pokna mojang nu cita-citana janten enterpreneur muda.  



Lain deui ceuk Cép Muhammad Panji Januarsyah Kustiawan kalahiran Purwakarta, 13 Januari 2001 nu masih kénéh kuliah di Universitas Esa Ungul Jakarta (Jajaka Manten 2017), teu éléh geleng geuning dina grand final téh silih tebar senyum pikeun narik simpatik juru peunteun. Pon kitu deui, Cép Panji nu biasa disebat téh, ngajelaskeun nalika tandang di Garut. “Inyana, dina unjuk kabisa materina dina widang tatabusana mojang jajaka sapertos nganggo raksukan ti mimiti Bendo Contong, acuk taqwa sarwa warna-warni aksen keceriaan tur nganggo kaén Garutan/Tasikan nu disebat dodot asli ti Jawa Barat. Pon kitu deui kedah tiasa nguasan bahasa nepika janten Pinilih ka-3 Duta Bahasa,” pokna jajaka nu cita-citana janten dokter***



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Mojang Jajaka Purwakarta"

Posting Komentar