WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Warta Pendidikan : Désa Sadarkarya Miharep Ngawujudna "Sakola Rakyat"


Warta Pendidikan : Désa Sadarkarya Miharep Ngawujudna "Sakola Rakyat"

DARANGDAN – Grup Majalah Warta Sunda,-

Pamaréntah ngaluncurkeun Sekolah Rakyat minangka pilot project nasional pikeun nyayagikeun atikan gratis jeung inklusif keur barudak tina kulawarga miskin jeung miskin ékstrem. Program ieu mangrupakeun gagasan Présidén Prabowo Subianto pikeun mupus ranté kamiskinan sarta muka masa depan anu leuwih hadé. 

Ungkara diluhur éta, dihaminan ku Désa Sadarkarya, nilik ti kasangtukangna, lantaran langkung ti 30 persén warga téh buruh tani jeung patani, anu sapopoé kudu nyanghareupan beuratna biaya pendidikan.

Faktor transportasi jadi masalah utama keur orangtua siswa nu wewengkonna di Darangdan Sadarkarya, komo nepika nyakolakeun di jenjang SMA mah!, salahsahijina sakarola ka SMA Darangdan. Tangtu murid kudu ngojek kalayan ongkos antara Rp5.000 – Rp10.000 sapopoéna, ditambah biaya tak terduga séjénna. Ieu kaayaan ngajadikeun loba kulawarga ngarasa berat, sahingga anakna résiko putus sakola.

Kukituna, masalah ékonomi jadi hambatan utama. Lantaran sepuh wali muridna pakasabanna digawé saperti tukang ngored, tukang macul, nepi ka tukang metik, kalayan panghasilan rata-rata Rp60.000 sapoé, anu jelas hésé pikeun nutupan biaya sakola anakna.

Kantor Désa Sadarkarya, Kecamatan Darangdan, Kabupatén Purwakarta.*

Désa sorangan mibanda lahan 11 héktar anu direncanakeun pikeun sakola rakyat, malah mandar ieu parantos diusulkeun ka Disdik nepi ka Bupati.

Ngeunaan lainna, Kapala Désa Sadar Karya, H. Wahyu Samsul Ma’rif, nekenkeun yén Pemda kudu hadir pikeun pendidikan tingkat dasar jeung menengah.

“Pendidikan téh titipan élmu ti kolot ka sakola. Ku kituna, sakola kudu terbuka jeung henteu ngahalangan barudak anu masih kagok dina calistung. Sadaya masalah pendidikan kudu disinergikeun jeung désa, boh pikeun nyegah putus sakola, boh pikeun nyanghareupan masalah sosial saperti bandel jeung narkoba,” saur H. Wahyu.

Désa Sadar Karya miboga jumlah penduduk 3.700 jiwa, kabagi kana 17 RT, 8 RW, jeung 3 dusun. Ku dukungan sakola rakyat, warga ngaharepkeun barudakna meunang kasempetan sarua pikeun ngudag atikan tanpa beban biaya anu kaleuleuwihi.

Numutkeun data nunjukkeun yén aya 270 penerima PKH di désa ieu, sarta angka putus sakola ti SD ka SMP masih kénéh aya hiji duana. Malahan aya dua kasus calistung (maca, nulis, ngitung) anu kacatet taun 2022. Pikeun nyanghareupanana, pihak désa ngayakeun les calistung, dibarengan ku rojongan pihak sakola.

Ahmad Sape’i, stap di désa ogé kungsi di pendidikan nu kungsi ngajar di MTS, nyebutkeun aya conto kasus saperti Nandi, Lutfi sarta Ilham, murid SDN 2 Sadarkarya anu teu neruskeun sakola sanggeus lulus SD kusabab dina calistung kirang lancar. Kukituna, sim kuring ditugaskeun ku Bapa Kadés pikeun ngalumangsungkeun les atawa pripat keur nu teu lancar (maca, nulis, ngitung). 

Sanajan kitu, aya ogé kepedulian ti pihak luar, saperti Pajri Mandiri pangusaha furniture asal ti Désa Neglasari anu peduli. Sangkan Nandi neruskeun ka SMPN. 

Nilik tina sakola nu aya di Désa Sadarkarya aya du SD, nyaéta SDN 1 jeung SDN 2 Sadarkarya, ogé ngarojong SMP di MTS.***



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Warta Pendidikan : Désa Sadarkarya Miharep Ngawujudna "Sakola Rakyat""

Posting Komentar