WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi Purwakarta – Warta Sunda Online ,- Sakola Menenga...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Fikmin # Nasib #

Ilustrasi dina intérnet.*

Geus sabulan di lembur matuh meunang cuti ti dunungan di Hong-Kong. Imah gedong. Sawah upluk-aplak balas digawé. Emas reuteum pon kitu deui kebon.

"Bu aya pakét ka Kowloon" aya WA asup. "Tiket pesawat saperti biasa kelas bisnis ogé bekel dibayar sakieu rewu dollar".  Kuring bungah. Impian meuli apartmen bakal kalaksanakeun. "Okey no problem. That's my dream"  jawab kuring sumanget.

Manuk beusi ngabelesat meulah méga. Ngajomantara ninggalkeun buana. Opat jam ngalayang siga heulang bari ngitung duit nu bakal kapiboga.

Wanci subuh manuk beusi nepi ka nu dijugjug. Pakét titipan dikeukeupan. Opat léngkah asup ka rohangan bandara. "You are arrested. Sabab anjeun mawa obat nu ngarusak manusa" cek hiji jalma saragam polisi. Kalangkang apartmen ilang ngahiang taya nu sésa.


(Dedi Budiman Hakim )

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Fikmin # Nasib # "

Posting Komentar