WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Upacara Poé Bela Negara Ka-77 Digelar di Taman Pasanggrahan Padjadjaran Purwakarta

Upacara Poé Bela Negara Ka-77 Digelar di Taman Pasanggrahan Padjadjaran Purwakarta Purwakarta – WSO Dina raraga miéling Poé Bela Negara Ka-...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Catetan: Lèngsèr Ambu

Catetan: Lèngsèr Ambu
Ku Adé Suryadin
(Seniman Purwakarta)


A
lhamdulillah sim kuring dina waktos pasanggiri Lèngsèr Ambu kantos nongton bari teu dugi ka rèngsè ogè. Aya sababaraha anu kacatet. Kahiji, Komunitas Lèngsèr Ambu hiji organisasi anu langka, sakedik-ageungna meungkeut silaturohmi antara para seniman anu husus mikawanoh ogè mikaresep kana Lèngsèr Ambu. Kadua, leupas tina resep sareng teu resep kana Lèngsèr Ambu, ieu tiasa janten bahan panalungtikan, malah mandar tiasa waè janten ka beungharan seni Sunda di Jawa Barat. Katilu, seni Sunda tèh sok aya anu micua, saupami pidanganana, raksukanana kalebet dangdosanana (rias) mahiwal atawa minculak,  komo deui saupami ngalawan kodrat. Apan saurna, yèn seni Sunda mah èstuning tartib, kagungan adab, tatakrama, boh dina konsèp garapna komo dina prakna. Kaopat, sah waè saupami seni Sunda langkung seueur, hartosna kabeungharan Seni Sunda ogè nambihan, salami kauger,  kaayak ku lembaga resmi, langkung utami kaangkeun ku sadayana kalangan masarakat, kalayan teu nimbulkeun pro sareng kontra. Hapunten ieu mah sasieureun sabeunyeureun tina pangalaman nongton.
          Tarèkah salajengna kedah aya papagon atanapi palanggeran kanggo titincakan, tos kitu nembè diuji publik lajeng disosialisasikeun. Sanès nanaon tumali senì mah teu lèsot hubunganana sareng pangaresep ogè pakasaban jalma. Para praktisi seni katawisna jarang ngèmutan konsep garap, kemasan, palasipah, adab, sopan-santun ogè palanggeran sanèsna, nu penting _*jadi duit pikeun nafkah anak pamajikan*_. Saur urang mah leres, nanging ulah kitu-kitu teuing atuh, muhun èta saur urang urang da kanyataan di lapangan tos kitu. Manawi ieu rupina PR urang sadaya, utami seniman sareng budayawan! Èmutaneun urang kalayan wijaksana, tartib, merenah turta hasilna teu nimbulkeun pacogrègan.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Catetan: Lèngsèr Ambu"

Posting Komentar