WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Kp. Citukung Kapilih Program Peduli Lingkungan Djarum Coklat


Kp. Citukung Kapilih Program Peduli Lingkungan Djarum Coklat

Darangdan, Purwakarta – Grup Majalah Warta Sunda,- 

Kp. Citukung, Désa Linggamukti jadi salah sahiji tina 21 désa sajabar anu kapilih ku tim Djarum Coklat Peduli Lingkungan. Program ieu ngawengku pengecetan gapura, pengecatan musola, ogé pameberian Al-Qur’an jeung sajadah pikeun masarakat. 

Ketua Karang Taruna Linggamukti, Dadan Mulyana, ngucapkeun rasa bungah jeung apresiasi ka pihak Djarum Coklat. “Ieu mangrupakeun hiji bentuk kahormatan pikeun lembur urang. Mugia kapayunan bisa nambahan tata, budaya, jeung ékspos boh nasional boh internasional,” saur anjeunna.

Dadan mimiti janten Ketua Karang Taruna ti taun 2022, sedengkeun sponsorship Djarum Coklat geus dimimitian ti taun 2023. Dina kasempetan éta ogé dilaksanakeun ramah tamah bareng unsur Muspika. Lian ti éta, aya pintonan dua paguron saperti Paguron Mekar Budaya dipingpin ku Ence Ajiji, ogé Paguron Mande Buhun Ustadz Wawan.


Kepala Désa Linggamukti, H. Toto Iskandar, ngadukung pinuh kagiatan ieu. Sajaba ti éta, ogé dirangkep ku sababaraha lomba tradisional saperti Galah Asin, Tarik Tambang, jeung Voli Mini. Saméméhna, masarakat Citukung ogé parantos ngayakeun acara Hajat Bumi tanggal 20 April 2025.

Sendi Regi salaku Tim Coklat Kita nerangkeun yén program anu digelar mangrupa rangkaian kolaborasi Karang Taruna jeung sababaraha unsur lembaga di masarakat, kaasup pondok pesantren jeung paguyuban budaya.

Even ieu dipuseurkeun pikeun nguatkeun kearifan lokal sarta ngangkat deui ajén-inajén budaya anu aya di lembur. Sajaba ti éta, tujuanana pikeun ngahudangkeun deui sumanget Karang Taruna, sangkan leuwih aktif, kreatif, jeung mampuh ngajaga kabudayaan lokal.

InsyaAllah dina jangka sataun ieu urang fokus kana ngawangun Karang Taruna sangkan leuwih hirup deui, nguatkeun budaya, sarta ngadekatkeun lembaga saperti ponpes jeung komunitas lokal,” saur Sendi Regi.***




Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Kp. Citukung Kapilih Program Peduli Lingkungan Djarum Coklat"

Posting Komentar