WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Peringatan Muludan 2025 di Kp. Cilalawi, Sukatani, Purwakarta Lumangsung Hikmat


Peringatan Muludan 2025 di Kp. Cilalawi, Sukatani, Purwakarta Lumangsung Hikmat

Purwakarta – Grup Majalah Warta Sunda,-

Warga Kampung Cilalawi Blok "WK" RT 08/03, Désa Cianting Utara, Kecamatan Sukatani, Kabupatén Purwakarta ngayakeun acara peringatan Maulid Nabi Muhammad SAW 1447 H/2025 M, anu lumangsung kalayan hikmat sarta rame ku kahadiran warga.

Kagiatan ieu dieusi ku tawasul, marhabanan, jeung doa bareng, anu dipingpin ku tokoh agama satempat. Puncak acara diisi ku ceramah agama ti Ustd H. Ahmad, anu nepikeun pentingna nerapkeun akhlak Rosulullah dina kahirupan sapopoé, boh dina kulawarga, boh di masarakat.

Sateuacan ceramah, acara diawali ku pembacaan ayat suci Al-Qur’an ku kori Ustd Hadad. Lantunan tilawahna anu merdu ngajadikeun suasana leuwih khidmat tur nyentuh haté jamaah.

Ketua DKM Mesjid Al-Muttaqin, Anto Sukanto, dina kasempetanana, muji kaharmonisan warga dina ngayakeun acara Muludan ieu. “Ku acara ieu, urang sadaya diajar pikeun ngalakukeun kahadéan, ngajaga gotong royong, sarta nguatkeun iman jeung taqwa. Mugia Muludan tiasa jadi jalan pikeun ngajaga silaturahmi di lembur urang,” saur Ketua DKM

Pihakna ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka sakumna warga Blok WK, sarta para donatur nu tos masihahan nyisihkeun sabagian rejekins pikeun ngahirup-huripkeun Maulid Nabi Muhammad SAW. 

Samentara éta, tokoh agama Désa Cianting Utara, Ustd H. Ahmad, ngungkabkeun yén muludan henteu saukur tradisi, tapi ogé jalan pikeun ngagedékeun rasa cinta ka Rosulullah SAW. “Umat Islam kedah nerapkeun akhlak Rosulullah dina kahirupan sapopoe. Ku cara kitu, insya Allah kahirupan urang bakal leuwih berkah,” saur anjeunna nalika nyampeurkeun jamaah.

Ustd. Anwar: Fadilah Muludan Tiasa Ganjaran

Ustd. Anwar, dina tausiyah, ngajelaskeun yén peringatan Muludan fadilah anu gede pikeun umat Islam. Muludan lain ngan ukur acara biasa, tapi hiji wasilah pikeun meunangkeun ganjaran, ngaronjatkeun sumanget ibadah, sarta ngajaga silaturahmi.

“Ngagungkeun Muludan téh tiasa ku cara ngaramekeun, masihan katuangan, maca Al-Qur’an, jeung ngajalin silaturahmi,” saur anjeunna.

Ustd. Anwar nerangkeun yén Maulid Nabi diperingati sanés pikeun jalma biasa, tapi pikeun ngahormat ka pang agung-agungna mahluk, nyaeta Kangjeng Rasul Muhammad SAW. Nalika lahir, Rasulullah kaluar tina beuteung Siti Aminah tanpa ngarasakeun kasangsaraan anu beurat. “Nalika gubrag ka alam dunya, Rasul langsung sujud bari takbir ‘Allohu Akbar’. Ieu nunjukkeun yén anjeunna diistimewakeun ku Alloh SWT,” saur anjeunna deui.

🎇 Carana ngarayakeun Muludan, numutkeun Ustd. Anwar, nyaeta nurutkeun tapak lacak Rasulullah. Anjeunna mangrupa suri tauladan anu hadé, anu kudu dituturkeun ku umat Islam.

“Dulu aya 124 jalan pikeun ngahontal Alloh, ayeuna geus ditutup. Anu kabuka ukur tapak lacak Rasulullah. Sunnah Rasul jadi hukum pikeun urang, boh dina solat boh dina kahirupan sapopoé. Aranjeun kudu ningali kaula solat, lajeng diajar ngalangkungan guru jeung ulama,” saur Ustd. Anwar.

Anjeunna ogé ngingetkeun supaya jamaah jauhan tina hal anu dicegah ku agama. “Lain kaasup umat Rasulullah jalma anu teu nyaan ka sasama muslim, komo deui nganyenyeri. Ka sato ogé kudu nyaan. Ulah nepi ka nganyenyeri muslimin wal muslimat, sabab éta kawirang,” pokna.

Aa. Asep Misbahudin Abdul Paqih: Hikmah Sagalana Hajat Dikabul

Aa. Asep Misbahudin Abdul Paqih, dina pengajian, nerangkeun ngeunaan hikmah do’a sarta hahalang anu tiasa ngajadikeun do’a teu diijabah ku Alloh SWT. Anjeunna ngajentrekeun yén sagala hajat sabenerna tiasa dikabul ku Alloh, tapi aya sababaraha hal anu janten panghalang.

🚫 Tilu Hahalang Do’a

  1. Makan Haram (Aqimul Harom)
    Jalma anu dahar tina barang haram atawa hasil anu teu halal, do’ana moal diijabah.
    Conto: ngadahar tina harta nu henteu jelas asal-usulna atawa hasil tina cara anu dilarang ku agama.

  2. Gibah (Muftirul Ghibah)
    Jalma anu remen gibah atawa nyaritakeun kaelehan batur, do’ana moal kahontal iwal geus tobat.
    Tapi aya ogé gibah anu sunnah, nyaeta nalika ngobrolkeun hiji

  3. Hasud (Iri ka Sasama Muslim) : Jalma anu hate pinuh ku hasud atawa dengki moal kahontal do’ana nepi ka tobat heula.

    Hasud: rasa dengki ningali kamajuan batur.

    Ujub: ngarasa dirina leuwih alus dina ibadah tibatan batur.

    Ria: ngalakukeun amal bari hayang dipuji ku batur.

    Aa. Asep ngajak jamaah supaya ngamumule haté tina sipat-sipat goréng jeung ngalaksanakeun ibadah kalayan ikhlas.

    🌿 “Mangkana, urang kudu nyumangetan hirup ku Sunnah Rosulullah. Sabab dina Sunnah aya pituduh pikeun ngahontal ridho Alloh, ogé ngajaga do’a supaya gancang diijabah,” saur anjeunna.

Warga kampung ti budak leutik nepi ka kolot katingali ngahiji dina acara ieu. Saterusna, aya ogé hidangan saperti tumpeng jeung sangu liwet anu dipasarkeun pikeun tamu jeung warga minangka lambang rasa syukur.

Ku jalan peringatan Muludan ieu, warga ngaharepkeun bisa nguatkeun iman jeung takwa, ngajaga silaturahmi, sarta miara kabersamaan di tengah-tengah lingkungan masarakat.***


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Peringatan Muludan 2025 di Kp. Cilalawi, Sukatani, Purwakarta Lumangsung Hikmat"

Posting Komentar