WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

3 Préman Di Tipu ku Supir Taxi

 



Aya 3 préman urang  Sarijadi, nu keur marabok, langsung naraék kana taksi nu keur parkir di sisi jalan. 


"Jalan....ka Ciparay " ceuk salah sahiji préman.


Lantaran supir nyaho yén maranéhna keur marabok, jadi supir ngan ngahurungkeun mesin wungkul, terus dipareuman deui.


Teu lila supir nyarita : " Tos dugi...!"


Préman nu hiji turun, mayar ongkos taksi.


Nu kadua ge turun, mayar jeung nganuhunkeun.


Giliran préman nu katilu turun, jol jol plakkk we nyabok supir.


Supir kacida sieuneunana lantaran geus nipu préman-préman éta.


Bari ngadegdeg, manéhna nanya : "Kunaon kuring dicabok ?".


Preman ngajawab : " Gelo manéh, mawa mobil meni ngebut!!!. Uing mani Soak !!"***


😁😆😄

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "3 Préman Di Tipu ku Supir Taxi"

Posting Komentar