Mang Warsun : Positif Korona Nambahan
Positif Korona Nambahan
Cép Dodod: Duh! jumlah positif virus korona di Jawa Barat nambihan deui, mang.
Mang Warsun: Kudu aya kasadaran urang dina nerapkeun protokolér kaséhatan, cép.
Cép Dodod: Atuh ieu mah da kumaha mang, nganggé masker gé kedah dipiwarang waé.
Mang Warsun: Didengda atawa henteu, kuduna maké masker mah ulah kudu dititah waé. Da jang kaséhatann ieuh.
Cep Dodod: Malihan ayeuna mah nu nganggé masker téh seseueurna dina gado na mang. Pangambungnamah kamana waé, sapertos nu teu sieun ku korona.
Mang Warsun: Tah geuning! kumaha badé ngurangan korona téh.

0 Response to "Mang Warsun : Positif Korona Nambahan"
Posting Komentar