Saminggu Persiapan LTUB di SDN Bungursari
Purwakarta - Warta Sunda Onliné,
A
|
présiasi peserta didik SDN Bungursari Kecamatan Bungursari dina
kaparigelan Lomba Tata Upacara Bender (LTUB) Tingkat Kabupatén Purwakarta. Éta kagiatan
téh dina raraga ngahudang sumanget rasa nasionalisme jeung rasa disiplin dina
kahirupan sapopoé.
Pikeun nerapkeun rasa sifat nasionalisme
ka peserta didik téh ayeuna mah teu gampang. Lantaran ku kapangaruhan IT nu
sakitu mahabuna nu serba modern tur era globalisasi milenia.
Mugia ku ayana kagiatan LTUB ieu,
dipiharep para peserta didik pikeun leuwih kana kacintaan ka lemah caina. Pon kitu
deui dipiharep leuwih apal kana pentingna Upacara Bendera sarta bisa
ngaiplementasikeun dina kahirupan sapopoé peserta didik di imahna
sewang-sewangan. Kitu kasauran Kepala UPTD SDN Bungursari, Ahyar, S.Ag nalika
ngawangkong jeung Warta Sunda Onliné, bada sanggeus acara LTUB di sakolana.
Poé Kemis kamari, di SDN Bungursari tara
tisasari Bandera Beureum-Bodas dikibarkeur di buruan sakola jam 07.00 WIB,
kalayan ngelebet ngalanglang alam jagat Purwakarta hususna diwewengkon
Kecamatan Bungursari.
Ping 17 Oktober 2019,
Rengrengan pihak sakola katut para kepala sakoka kaleresan nganggo raksukan
acuk Korpri tiap sasihna. Nya dina hal ieu mah aranjeuna ngiring aub Lomba Tata
Upacara Bendera (LTUB).
“Sakolana ditunjuk salaku perwakilan LTUB
téh, ngan dibéré ombér waktu samingguan ku tim peniley ti dinas pendidikan
Kabupatén Purwakarta. “Keur mah sim kuring keur diklat, ngeunaan ditunjukna
wawakil éta téh teu jadi pondok harepan, malahan ku kaparigelan guru ti SDN 4
Cikopo nya bisa persiapan, sanajan waktuna samporét,” pokna Ahyar.
Lain deui ceuk Pelatih Juhanda, guru ti Sdn
4 Cikopo. Ku kapercntenan Kepala UPTD SDN Bungursari pikeun persiapan latihan
LTUB. “Nya tiasa dikeureuyeuh lalatihan para peserta didikna,” saur Juhanda.
Dina latihan éta, pihakna dibantos ku guru
SDN Bungursari katut pihak orang tua siswa, nya dina waktuna unjuk kabisa
mintonkeun LTUB, tiasa dipintonkeun.
Inyana ngahaturkeun rewu-rewu nuhun
hususna ka para orang tua siswa nu milu aub pikeun nyukseskeun lomba éta.
Dina kasempetan éta ogé ceuk salah saurang
perwakilan orang tua siswa, Yuyun (41) putrina Yara Andara Putri siswa kelas 6
SDN Bungursari. Nyaksenan budakna dina ngabentangkeun bandera, ngarasa reueus
sarta bungah, nyurucud cimata. Mugia Néng Yara nu biasa disebat téh tiasa
ngangkat harkat darajat sakola katut orang tua.
Pon kitu deui, inyana ngarojong program
sakola, komo ieu pengibaran bandera. Kajaba ayeuna mah upami neruskeun ka SMP
kedah gaduh préstasi. Sapertina pun anak sok ngiring kagiatan-kagiatan nu
diayakeun ku pihak sakola.
Malah mandar kungsi ngawakilan sakola dina
widang seni mintonkeun Jaipongan di STS sawatara waktu katukang. Lomba Battel
Dance 2019 bulan Agustus-September 2019.***

