WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi Purwakarta – Warta Sunda Online ,- Sakola Menenga...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Ceuk: Wakil Bupati Purwakarta - Pangabutuh Pagawé P3K di Purwakarta Nunggu Kaputusan ti Pusat


Ceuk: Wakil Bupati Purwakarta
Pangabutuh Pagawé P3K di Purwakarta Nunggu Kaputusan ti Pusat

Pemda - Warta Sunda Onliné,
K
APAMARÉNTAHAN Kabupatén Purwakarta nu karék sababaraha bulan katukang diistrénan ku Gubernur Jawa Barat pasangan ti Hj. Anne Ratna Mustika jeung H. Aming. Dina program 100 poé kerjana kiwari merjoangkeun pagawéna, malahan ayeuna keur nunggu kaputusan ti Pamaréntah Pusat, ngeunaan Pegawai Pamaréntah jeung MoU Kerja (PPK P3K).
“P3K ka ieu téh, kantun nunggu instruksi ti pamaréntah pusat, sabab Pemkab Purwakarta ayeuna keur ngarumuskeun jumlah kuota P3K,” kitu ceuk Wakil Bupati Purwakarta, H. Aming nalika ngawangkong jeung wartawan, Senen (31/12-2018).
Nurutkeun H. Aming, kuayana P3K ieu téh, dipiharep bisa nutupan kuota nu dibutuhkeun ku Pemda Purwakarta, keur mah jumlah pagawé nu rék pangsiun kisaran kana 1.600 urang, sedengkeun ASN nu lulus dina taun 2018 téh jumlahna ngan ukur 306 urang.
“tina jumlah 306 urang ieu téh masih kénéh kurang pikeun ngungkulan tina Jumlah pangabutuh 1.600 urang pagawé,” pokna.
Tapi nurutkeun Aming, jumlah kabtuhan éta masih kénéh proses perumusan, sakantenan ngantosan ti dinas terkait nu aya di Kabupatén Purwakarta pikeun pengajuann pagawéna.
Sedengkeun nu diprioritaskeun keur pagawéna téh dilingkungan dunia pendidikan nu paling seueur ngabutuhkeun pagawéna, lantaran seuseurna nu pangiun téh ti dunya atikan, kukituna tedunan pagawé nya nu diutamakeun keur keur pagawé dilingkungan dunya atikan nu paling seueur pasukan pagawéna sakalian ngantosan ti Kepala Dinas Pendidikan ngeunaan pengajuan pagawéna,” pokna H. Aming.
H. Aming nambahkeun, yén tina penggajian keur P3K nu ngawengku ti Dinas Kesehatan jeung Pendidikan katut pagawé lainna téh, gajihna mah diatur ku Pamaréntah Pusat.***  

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Ceuk: Wakil Bupati Purwakarta - Pangabutuh Pagawé P3K di Purwakarta Nunggu Kaputusan ti Pusat"

Posting Komentar