WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Wates Ringkang - Ku : Riskaya09



Wates ringkang

Jagat eundeur ku léngkah-léngkah
Nu unggal usik pulang-anting
Ti unggal juru ka unggal juru
Aya nu diboro poho nu dituju

Jagat ngocéak 
Geus beurat ditincak
Ruksak ku awak-awak jalingkak 
Nu ngumbar cakakak 

Jagat ngaheureutan 
Pinuh ku rasa sieun
Perkara leutik nu nyamuni
Neundeun ririwa na jajalaneun
Jeung dina rénghapna unggal tikoro 

Teu bisa ka mamana sakabéh jalma
Diwates inggis jeung boa-boa
Sasalad nyangsang na unggal ringkang
Ngawatesan diri nu méh lali ka Gusti

(Sosial distancing)
Bojongsoang, Mei 2020

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Wates Ringkang - Ku : Riskaya09"

Posting Komentar